Translate

Senin, 28 April 2014

CARITA RAYAT CIUNG WANARA


Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.

Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.

Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér , tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.

Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.

Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wabara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.

Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.

Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.

Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.

Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.

Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.

Ku Kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.

Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.

Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.

Tina Pangajran Sastra Sunda, karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah.

CARITA RAYAT LUTUNG KASARUNG


Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.

Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.

Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.

Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.

Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!”

Janggélék Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.

Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.

Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék wiwilanganana mah.

Aki Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.”

“Sukur atuh, sok geura turun,” walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka dunya.

Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.”

Nya atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.

Léngsér mulang deui ka Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.”

Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun.

Keur jarongjong ninun, ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé.

“Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!”

“Ih, Tétéh, apan boga bujang lutung,” Cék Purbaleuwih.

“Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong balé!”

Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!

“Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!”

Jut Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.

“Éh Mama Léngsér, geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh.”

Tutas haturan, Léngsér mulang ka karaton.

Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.

“Utun, urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!”

“Oaah, Sang Putri, lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!”

Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.

“Éh, deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.

Raksukan digédogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara. Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi balé kancana.

Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.

Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.

Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana.

Tuluy Purbasari dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh katungtun ku Purbasari ka nagara.

Purbasari dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul kénéh.

Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul.

Tungtungna Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh, Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung.

Purbasari éléh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.

Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggélék jadi Guruminda deui.

Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.

Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadérékna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.

Tina Gapura Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk.

Minggu, 06 April 2014

Hiji Sore di kebon ganas

Mapay-mapay kebon ganas, aya budak ku kasep jeung lucu keur mulungan regang garing, diasup -asup keun kana karung. teu jauh ti eta budak aya saurang awewe tengah tuwuh. Kukuring dideukeutan " Jang...kasep nuju naon bageur ?". Tanggah neuteup kuring, ukur ngarenyu biwirna. "Kanggo naon eta regang teh bageur ?" kuring nanya deui. "Kanggo icaleun bapak..." jawabna laun bari tonggoy mulungan pangpung."Artosna kanggo naon ?" kuring nuluykeun nanya. "Eta cenah hoyong meser tarompet nanagaan encep kanggo taun baru...!". Awewe anu titadi ngawaskeun anu nembalan."Dupi rama sareng ibuna kamana kitu ?". Si ibu anu di tanya ukur tungkul...aya cimata ngembeng dinakongkolak panonna anu mimiti kisut. Kuring cingogo bari nyekel taktak eta budak "Jang kasep urang meser jeung bapa ayeuna yu !". Beungeutna marahmay, tapi cimatana oge ngembeng...gabrug eta budak ngarangkul kuring, ceurik ngagukguk dina dada kuring, dina sela sisimekeun nana..."Ujang hoyong pendak sareng bapa...". Aya anu ngaguruh jeroeun dada kuring, panon karasa haneut katampias sedih, teu katahan cipanon ngembeng ras ka anak sorangan. Poe maju kasore...budak jeung ninina di ajak kukuring meuli tarompet jeung kaperluan nana...(Ya Allah pasihan kasinugrahan kanggo ieu nini jeung incu...amin)

Selasa, 13 Agustus 2013

MAPAY LARATAN

Katumbiri dimana leungitna...?
Angin kamana inditna...?
Hog hag nu nangtung teu puguh tungtung
Ngarohaka bewara paenya-enya
Duka saha reu jeung dimana...
Budak angon elat datangna...

Satangtung gunung...
Salega sagara...
Katundung layung di mega mendung
Ngawisaya sangka kabalarea
Nyusud nyukruk kalapa sewu
Leuit geus leungit moal katimu...

Lain ti wetan anu bogana....
Pamohalan kana beunangna...
Geura tunduk kana waktu muntang kana mangsa...
Talaga bedah mawa carita nu enya
Nu disimpen di handeuleumkeun
Kiwari geus deukeut datangna sampeureun...

Katumbiri dimana leungitna...?
Angin kamana inditna...?
Tunjung putih...Tunjung kuning...
Mambang kumambang ngalayangan...
Nyucruk pakuwon neang tempuran....
Lengkah ngalengkah....saparan-paran.....

Katumbiri dimana leungitna...?
Angin kamana inditna...?
Hog hag nu nangtung teu puguh tungtung
Ngarohaka bewara paenya-enya
Duka saha reu jeung dimana...
Budak angon elat datangna...


Selasa, 06 Agustus 2013

BATI ASRUK-ASRUKAN

Kabiasaan sok poho kana nanaon lamun geus ulin ngasruk,duka teuing lamping belah mana ieu, loba tangkal konyal ayang- ayangan, pikaresepeun puguh loba anu geus arasak, di kotamah apanan kudu meuli, asa ku jigrah kawas monyet manggih buah. Ret kana arloji, euleuh geuning kajongjonan ngapruk, geus tabuh opat sore. Hawa karasa tiris pisan, pepedut geus ngarebul. Gura giru kuring balik sieun kapoekan di jalan, puguh can apal deuih ieu belah mana-mana na. Bari kukulutus kuring nurugtug mudun nuturkeun jalan satapak. Rangsel jeung saku merekis pinuh ku buah konyal. Tonggeret pating kocecet mapantes poe kasorenakeun. Cahaya mega geus nambaga tanda sang surya ngampih ditungtung langit.Palebah pengkolan kabelah katuhu, kadenge sora jalma rame, dasar elodan teu nga engkekeun deui kuri tuturubun nyampeurkeun sumberna sora. Euleuh enya wae loba tentara keur marasang tenda. Reg kuring ngarandeg, teu wani deukeut teuing bisi pajarkeun ngaganggu. Salah saurang anu pangawakan nana jangkung gede ngareret ka palebah kuring, leungeunna di gupaykeun kakuring bari seuri nyerengeh. Kuring ngangguk isyarat hormat kamanehna,eta tentara terus nyampeurkeun ka kuring.Pokna”Tos timana bageur ? wayah kieu kukurubutan keneh ?, yap kadieu istirahat heula angguran, cape meureun ?”. Kuring olohok asa teu percaya naha aya tentara meni ku bageur jeung someah,bari rada asa-asa antukna kuring nuturkeun, ngilu ngariung jeung anggota tentara anu sejena. Teu wani loba tatanya sieun salah, ngan unggak unggeuk we saban aya anu nanya jeung anu ngajak sasalaman. Saurang deui nyampeurkeun ka kuring. Gek diuk gigireun,”seungit geuning...”eta tentara ngomong ka kuring, bari rada era kuring asa disindiran puguh geus kukurubutan, pantes dek bau kesang oge”punten pa rumaos teu acan mandi” tembal kuring. Eta tentara ngaleret neuteup anteb ka kuring, matana seukeut wibawaan, asa serab jeung era kuring diteuteup ciga kitu,belengeh biwirna imut,terus nepak tak tak kuring.Teu ngomong deui, terus ngojengkang kajero tenda, teu lila kaluar deui, mamawa kempis, song di asongkeun ”haus ? sok leu’eut !” pokna. Kuring peresis ciga budak leutik anu keur di asuh bapana, nurut jeung ngarasa betah, asa reug-reug ngariung jeung maranehna. Teu karasa ampir magrib, kuring pamit ka bapa-bapa tentara niat dek balik.Tapi di caram ku salerea, teu hade mulang kapeutingnakeun, bisi aya nanaon di jalan cenah. Bener oge asup akal,apanan lain dilembur.Kira-kira jam tujuh peuting, kabehan dikumpulkeun ku Komandan, ka asup kuring pipilueun ngilu baris di buruan tenda anu di caangan ku obor. Beres babagi tugas jaga pasukan di bubarkeun deui, terus dalalahar ngariung. Nikmat pisan kadaharan nana, komo palebah ngadahar dengdeng meni ku nikmat kacida. Rengse dahar anu ka bagian tugas jaga ngajararanteng di tempatna masing – masing, aya sababaraha urang anu miang ninggalkeun pasukan cenahmah aya tugas kudu nguriling, ke oge ka subuhnakeun balik deui.Peuting beuki nyerelek kana simpe,kuring gegelehean ,Komandan nyampeurkeun”tunduh mah sarekeun we kasep, teu kudu keu’eung apanan loba nu jaga,ngan lamun hayang ka cai memeh beunta tepak heula ka kenca jeung kakatuhu, ameh aya anu maturan ka cai”. Sanggeus papadon, Komandan kaluar deui, bari teu poho nyimutan awak kuring. Tunduh teu katahan, merelek heuay, maklum cape geus leuleumpangan sapopoe, naek turun gunung. Reup kuring tibra. Biasana jalma keur sare,sakapeung ka ganggu ku hayang kacai, komo di tempat tirismah. Kuring poho kana papadon Komandan,kuniang kuring cengkat bari nguliat, teu tahan hayang ngompol,gigisik rada lulungu kuring rarat reret kakenca jeung kakatuhu...”Gebeg...!lenyap..!!!...teu bisa ngomong saucap oge, jajauheun kana ngoceak, reuwas...kacida, awak ngageter leuleus...geuningan kenca katuhueun kuring aya dua maung ngadakom, badag pisan, eces boreleng. Teu sanggup nuluykeun titingalian kuring peureum ti pepereket bari ngagoler deui.Pikir kuring “Kop teuing ari beuki mah kadinyah dahar, meureun geus nasib kudu di hakan maung.Naha kamarana atuh tentara anu tadi, ongkohan dek mangjagakeun tapi geuning bet areuweuh, meni hayang kapiuhan tapi teu bisa. Kadenge sora”gepluk...gepluk..gepluk..!!!” ciga sora buntut anu dikeplukeun kana taneuh, ragamang...karasa aya anu nyampa kana tak tak, kesang tiis mimiti masehan awak, tetela ieumah leungeun manusa nyekelan tak tak ngahudangkeun kuring, bray kuring beunta...Komandang geuning, gabrug kuring ngagabrug ka manehna, bari hareusheus ngaharewos”ta..tadi...aya....” can tamat kuring ngomong Komandan ngahuit lalaunan”sssstttt...teu kudu gareuwah bageur...!” karasa leungeuna bangun anu deudeuh ngusapan sirah kuring. Panon beurat deui kutunduh...les kuring tibra teu inget di bumi alam. Lamat- lamat kadenge sora manuk recet, kuring lilir tina sare, beu geus beurang geuningan...panon poe geus ngempray nyaangan marcapada,ret kana arloji jam tujuh isuk-isuk, kuring nguliat ngabatek awak asa ku genah”geduk..!” leungeun ngageduk, ret ka kenca jeung kakatuhu, ih naha bet dijero saung...Jut kuring turun tina palupuh saung, “ah naha...ceuk hate...” hawu hurung aya teko ditaheurkeun,pancuran ngurucak sorana hareupeun saung...”tos gugah cep ?!” Hiji kolot tengah tuwuh geus nangtung neuteup kakuring bari imut ngagelenyu. Sok sanajan masih bingung,kuring males imut bari unggeuk.”Bilih bade beberesih mangga di pancuran, raos geura seger” pok eta kolot ka kuring. Teu loba mikir deui kuring terus mandi ngoyok bari nyokcrok sirah dina pancuran, pikiran masih kaditu kadieu, ras kana kajadian kamari sore nepi ka ieu isuk...eh asa ku araraheng teuing. Beres mandi kuring ngawangkonng dina saung jeung sibapa,nginum kopi panas sabari ngudud bako,”Cep mulih timana ku ludeungan kulem di saung ?”. Si bapa muka obrolan, bari seuri koneng nguring ngajawab,”wangsul asruk-asrukan pa, puguh gaduh karesepna ulin kanu bala”.Si bapa terus tetelepek,”padahal mah kantun kalebak sakedik dugi kalembur cep, ieumah bet ku luas mondok di saung,bapa oge urang dieu, upami teu aya baturmah teu ludeng teuing”. Obrolan terus kaditu kadieu,ngaler ngidul bari kapaksa kuring ngawadul, moal hade pangalaman kamari jeung tadi peuting di dongengkeun, hoyoh di anggap jalma teu eling. Bray beurang kuring mulang bari nyimpang heula ka si bapa anu ngeukeuhan hayang di anjangan. Cag.


LAIN WAYAHNA KEUR ULIN

Meunang ka teungeunah dina rapat di pagawean, asa ku nengel pisan kana hate, di sengklek keun bebeakan pajar maneh teu becus gawe. Hareupeun batur deuih, duka teuing kasurupan setan naon eta juragan anu boga pabrik bet teu gugur teu angin nyarekan ka kuring. Balik mawa pikiran rungsing jeung teu ngeunah hate, saberesna nyimpen kandaraan kuring leumpang nuju ka pasir maksudmah hayang ni is mapalerkeun kateungenah hate. Teu mikiran lamun harita teh geus jam 10 peuting malahan reu eukna langit oge teu ieuh di palire. Nepi ka pasir anu di tuju, hawa karasa tiris pisan, angin rada tarik ngeundeugkeun tatangkalan. Awi pating rareket silih gesek jeung baturna, manuk cukcruk ngelentrung dikajauhan jiga sora anu keur nutuhan kayu. Tara tisasari bet anjing oge barabaung lamat-lamat. Kuring jongjon mencrong kota anu baranang, bener meureun Bandung teh jaman purba baheula mangrupa situ gede, puguh di ilikan ti tempat luhurmah eces pisan jiga urut situ. Duka teuing sabara lila kuring ngajejentul...ujug-ujug kadenge sora awewe ceurik sisimekeun, hawar-hawar kabawa angin. Gerentes hate "naha saha wayah kieu ngadon ceurik dinu bala ?". Kajurung kurasa panasaran, eta sora diteangan palebah mana asalna. Tapi weleh kadon asa beuki ngajauhan. Tungtungna cape sorangan, kuring eureun, gek diuk dina catang pines sisieun jalan satapak, ngahurungkeun udud nuluykeun cindeluk. "BLETAKKK!!!"...teu pupuguh aya anu nimbul ku karikil keuna pisan kana catang anu didiukan, reuwas aya keuheul aya, naha bet ku teu adeuh jeung ngabentur sagala rupa. Kakarak oge kuring nangtung, KOROSAK...KOROSAK..KOROSAK..!belah kencaeun siga aya anu lalumpatan...eurih oyag ibarat anu digaley ku ratusan suku anu lumpat...tapi euweuh jirim anu ngajinis saurang oge, angin beuki tarik ngagelebug. Kuring colohok ningali eta kajadian...bulu punduk bet muriding..hawa ngadadak asa jadi ngahaneutan nepi ka karasa panas..."GEDEBUT...BRUGH.."...aya sora anu tibeubeut satukangeun kuring, rikat kuring malik...aya barang anu ngagoler...teu pati sidik puguh poek...naha bet jiga ririaban katiup angin...salengkah...dua lengkah kuring nyampeurkeun kana eta barang anu ngagedebut tarik tadi...ari gok..gebeg...jajantung asa eureun...geuning anu ngagubrag teh "sirah jelema" euweuh awakan...getihna masih keneh ngucur...buukna panjang ririaban katiup angin. Kurinmg ngajengkat mundur ampir labuh, mata tetep mencrong kana eta sirah...anjing dilembur beuki raeng babaung...koreak pating koceak, dibarengan sora cihcir jeung caricangkas patembalan...angin terus ngagelebug beuki tarik. Can anggeus kuring mikir...kalayang...eta sirah ngalayang...tapi lain ditiup angin, tapi hiber ku sorangan...bu,ukna nyingrai ririaban...beungeutna eces katingali..pias puguh teu kaca,angan...matana eces melong kakuring...seukeut teuteupna ciga anu euceub...kuring nahan ambekan, ngumpulkeun kawani bari teu weleh mikir naha mahluk naon ieu...belesur...eta sirah ngabelesur ka kuring...bari muka sungut nembongkeun huntuna anu rangeteng sareukeut...teu kaburu kuring nyingkahan nana puguh diluar sangkaan, ukur bisa pasrah ngayonan sabisana...tinggal sababaraha senti deui eta sirah dek nubruk kuring"SIUTTTTTT....." aya sora anu dibarengan cahaya hejo miheulaan nubruk eta sirah,"BLARRRR...!!!" sora anu ditimbulkeun ku eta tubrukan pohara rosana. Kuring kabantingkeun ka tukang sababaraha lengkah..sirah karasa lieur...tetenjoan runyay...aya sora anu ngagetak ka kuring..."GEURA MULANG LAIN WAYAHNA KEUR ULIN...!". Teu loba mikir kuring cengkat bari langsung naker tanaga lumpat ninggalkeun eta tempat.
Nepi ka pupudunan anu rada lenglang, kuring reureuh sakeudeung bari narik nafas, kesang tiis masehan sakujur awak. “Astagfirullah...naha mahluk naon anu tadi teh ?” kuring ngagerendeng sorangan. Reuwas ka reureuhnakeun, nepi ka teu sadar lamun kuring masih keneh jauh kalembur, hujan girimis kapeutingnakeun di baturan ku bulan anu remeng remeng kalimpudan mega. Angin mimiti leler henteu tarik teuing, sababaraha kali kuring narik nafas panjang nenangkeun hate anu tagiwur, rarat reret kakenca jeung kakatuhu neangan sugan aya dahan atawa naon bae anu bisa dikeupeul pikeun ngajaga diri bisi aya deui anu ngaganggu sapanjang leumpang. Kabeneran aya dahan sagede pigeulang kolot, lumayan ceuk pikir kuring, teu tatapasini ngan kop we di bawa, bari terus leumpang. Pupudunan geus beak, jalan mimiti taringgul ku batu jeung hieum ku kebon awi kenca katuhu, ampir mirip torowongan. Sora bueuk mapantes peuting di papaes ku sora cihcir ciga budak anu ceurik. Kuring teu ebat terus leumpang neuteup jalan anu mimiti poek deui ku kalangkang awi. “eh....naha bet bau hanyir...kuat ka hayang utah kieu”. Kuring mimiti culang cileung, dahan kai pageuh dicekel bari siap siaga bisi aya deui sirah anu tadi nuturkeun...euweuh...euweuh nanaon, tapi bau hanyir beuki nyedek kana angen asa ngucek ngucek eusi beuteung, leumpang digancangan bari tetep waspada, na atuh can oge sapangiceupan...ngadadak tangkal awi kenca katuhu gegebregan sorangan terus pucukna hirup turun kajalan jiga anu hayang mecut...geus kitu plentung deui ngajebred kaluhur nepi ka ngahiuk sorana. Kuring ngajarigjeug mundur...naon deui ieu...? gerentes hate kuring bari tipepereket nahan rasa kasieun anu mimiti muntangan hate. Tangkal awi terus teu daek eureun gegebregan jeung pelentang pelenting nyapuan jalan...bueuk pating garapak halaliber tina dapuran awi bari nyawara anu pikasieuneun, jangkrik beuki nitir ngajerit ningali awi anu teu puguh polahna...anjing barabaung deui ti kajauhan nambahan peuting beuki geu euman. Bari istigfar kuring ngawanikeun maneh, maju nyorang jalan anu dihalangan kupucuk awi , duka meunang ideu timana, teu antaparah barang  pucuk awi turun kana taneuh jalan ngan habek-habek bae kukuring diteunggeul ku dahan kai anu meunang mulung tadi bari ngagorolang sagala dibaca. Na atuh koceak teh kadenge sora awewe ngoceak...melengking tarik meulah langit...bareng jeung ngajebredna pucuk awi kaluhur. Kuring olohok ngembang kadu bakat ku reuwas, eces aya mahluk duka kumaha rupana anu puguhmah ciga buuk anu ngagulung melesat kalangit bari ngajerit.....aaaaaaaaaaaaaaa.........kuring jadi ngilu ngagorowok, berebet lumpat sataker kebek, tunggu dilarung catang dirumpak geus teu hayang deui ningali katukang. “jedak..gubrag...!!!”, aya anu katubruk duka nanahaon..bluk kuring labuh nangkuban, aya anu tiis katindihan, nyelecep batan es, teu wasa beunta...ukur bisa ngadu’a na jero hate...”Ya Allah salametkeun abdi tina gangguan mahluk jahat..”. sawatara lila kuring cicing teu obah..teu aya nanaon jempling lain ti sora angin anu ngeundeugkeun dangdaunan pating keresek, lalaunan mata ku kuring dibeuntakeun, gebeg...jajantung asa coplok...geuning anu ti is katindihan teh mayit meunang mungkus ku boeh....Alloooohhhhhu akbar...! kuring ngagorowok bari takbir, teu ngadagoan eta mayit hudang kuring lumpat tibabaranting...nembus poekna peuting.
Girimis beuki kerep masehan sa awak-awak, jalan anu ditincak karasa beuki leueur, kuring ngarandeg tina lumpat, ngarahuh narik nafas, awak karasa cape pisan komo bitismah asa ngadadak ngabadagan. Tapi naha can nepi keneh ka imah, rarasaan mah tadi waktu ninggalkeun imah teh henteu jauh-jauh teuing. Tapi na bet hese balik ieu teh, duka palebah mana kuring leumpang ayeuna, ngajauhan atawa ngadeukeutan imah. Accchhhh....!!!antuk na kuring kesel kadiri sorangan, naha bet kalalanjoanan lumpat teu make pikiran jeung tinimbangan. Tikoro karasa garing...halab hab hayang nginum sok sanajan tiris angger we teu ngaleungitkeun rasa haus. Hayang teuing manggih imah sugan we bisa ngilu reuereuh sok sanajan pasti bakal ngagareuwahkeun mah, puguh meureun nganjang lain mangsa. Hate masih gegebegan keneh ras inget kana mayit anu katindihan, naha mayit saha jeung urang mana ? kupangangguran digolerkeun tengah jalan. Atuh tada teuing bauna lamun geus lila...karasa keneh nyelecepna eta mayit anu katindihan puguh ka anginan ka ibunan meureun, tapi nahanya bet henteu bau ? anyar keneh kitu di tundana ?...hiiiiiyyyyy...geus ah naha bet mikiran eta mayit sagala henteu ngadatangkeun mangfaat anu puguhmah matak nambahan kasieun jeung ka keu eung. Keur anteng kitu kuring ngadenge sora cai ngerelek...tibelah katuhueun jalan anu diliwatan, “ah...geuningan aya cai...pasti cai nyusu..” gerentes kuring dina hate. Teu loba mikir kuring ngadatangan eta sora cai anu ngerelek...bener we aya cai nyusu handapeun akar Loa, puguh masih keneh janari remeng remeng caiteh ku gugurilapan siga pemata. Gog kuring cingogo...terus nyiduk cai kudampal leungeun...ahhhh...seger...meni cambewek karasa ngaliwatna kana tikoro...ngadadak kuring asa jag-jag deui...tapi naon nya eta anu ngarunggunuk handapeun Loa? ciga...baju...? atawa karung nambru....? ach...kajeun teuing dek nanahaon oge, dek jurig...dek demit.....can anggeus nuluykeun kukulutus sorangan...satukangeun kuring kadenge aya sora “kecepruk...kecepruk..kecepruk...” siga jalma anu keur leumpang dina cai..beuki lila beuki eces sorana asa ngadeukeutan, rey..puringkak...bulu punduk jeung leungeun as cara rengkat...kuring teu hayang  ngalieuk, geus kabayang pasti eta dedemit deui...lalaunan kuring ngolesed nyalingker katukangeun tangkal Loa, aya dahanna anu rada handap teu antaparah ngan terekel wae kuring naek. Eces titingalian kahandap..bener wae teu sawatara lila rongheap aya jirim anu rupana hideung meles alabatan bujur katel, herang ngagurilap ciga meunang ngabaluran minyak..leumpangna lalaunan, beurat teun ku beuteung anu bunkayang sakitu gedena. Beungeutna duka jiga kumaha, teu jelas kupoekna peuting jeung eta mahluk leumpangna tungkul....kadenge sora nafasna anu renghap ranjug bangun anu cape geus leumpang jauh...huh...hah...huh..haaaahhhhh....kitu sorana matak reuwas jeung sieun puguh palebah kaluar sora haaaahhhhhh...manehna tanggah kalangit siga anu hayang neang bentag...astagfirullah...geuning sihungan jeung irungna meni pegek...matana herang jiga kaleci warna bodas semu teleng kaluhur...dipapantes ku bulu jaregjreg dina sakabeh beungeutna ku persis jiga tokoh kingkong dina film barat...hate kuring beuki rerempodan..eta mahluk terus maju ngadeukeutan tangkal Loa tempat kuring nyumput...jajantung beuki ratug...sataker tanaga kuring ngatur nafas supaya sorana ulah kadenge ku eta mahluk..kesang kuring beuki ngoprot basa eta mahluk persis eureun handapeun loa..beungeutna culang cileung..bangun aya anu diteangan....sora nafasna asa beuki tarik gegebosan...bau hangru ka ambeuna ku kuring...can oge ngarenghap...tibelah kalereun tangkal loa kadenge soara anu aneh jeung sora anu ngagebrigan taneuh...kieu kurang leuwih sorana”tong..tong..hot...tong..tong..hot...”diselang ku sora anu ngagebrigan taneuh...Aung........sora anjing meni panjang babaung tebeh jauh...kabawa ku angin lup lep jiga dina radio anu kurang teges sinyalna...kuring peureum tikekereket...embung ningali naon atuh anu sorana aneh bieu..., tapi terus kadenge jeung bangun anu ngadeukeutan kana tangkal Loa..tong..tong..hot....brigbrigbrig...tongtonghot...brigbrig...terus beuki deukeut, malahan asa geus handapeun dahan loa anu di pake nyumput ku kuring. Hate teu burung panasaran...bari sieun tapi hayang nyaho jiga kumaha eta rupa mahluk tongtonghot teh...lalaunan kuring meletetkeun panon....gebeg....jajantung asa eureun...peresis handapeun dahan anu dipake nyumput ku kuring.. aya 3 mahluk garendut saukuran budak umur 7 taunan, kulitna hideung semu hejo, belewuk jeung bararotak sirahna...keur pating alacreug bari hareureuy..bari ngaluarkeun sora tongtonghot...bari disada kitu eta 3 mahluk aneh teh ngelelkeun letahna bari molototkeun matana....iiiiiccccchhhhh eta matana jiga anu dek ngagejlig kaluar.Sedengkeun mahluk anu gede anu pangheulana datang mimiti rumanggieung ngalengkah nyampeurkeu 3 mahluk anu keur disarada...na atuh barang amprok eta mahluk anu tilu pating koceak....duka kuring teu bisa nyapertikeun sorana jiga kumaha, ngan anu kasaksian 3 mahluk tongtonghot teh birat lalumpat cingkalayang ka tempat anu poek...pating jarerit dibarengan sora ngawikwik...anu ditinggalkeun teu ieuh ngudag, leumpangna angger lalaunan...huhhhhh....haaahhhhh...huuuuu...hhaaaaaahhhhhh....asa ku lila eta mahluk deuk ngajauhan nana meni jiga tetengek leumpangana. Sabot ngadagoan eta mahluk ngajauhan kuring lalaunan ngolesed turun tina dahan, dampal suku kuat kait neangan tincek keun...bari mata angger ngawaskeun eta mahluk anu leumpangna lalaunan...duk...dampal suku katuhu asa meunang  titincakeun...tapi naha asa empuk jeung leuerur...barang ditingali gustiiiii....nu agung  geuning kuring nincak oray anu sakitu gedena. Horeng anu siga karung ngalumbuk teh geuning oray warna hideung keur ngagulung handapeun tangkal Loa. Guriwel eta oray ngabeulit kana suku kuring, kuirng cicing..ngajanteng ngaraga meneng, inget kana papatah kolot lamun di deukeutan orany ulah gareuwah, oray mah teu bisaeun ningali, da ngudag jeung macok oge ukur nuturkeun gerakan mangsana. Gilisir...karasa eta awak kuring di papay ku oray hideung...terus huluna ngadeukeutan beungeut kuring...bau hangru, hanyir..jeung duka bau naon deui ngulibek mata oray katingali enyay-enyayan siga aya listrikan anu koslet...kuring ngadeg-deg ampir teu bisa nahan diri...awak asa beuki leuleus taya tangan pangawasa, ampir ngagubrag nyangsaya kana tangkal loa...sidik pisan letah oray dek ngaletak beungeut kuring...sakali deui aya sinar hejo nyamber eta oray..swing...cesssss....!  sakedet netra oray robah jadi haseup..dibarengan sora awewe ngajerit maratan langit......
Awak karasa lungse, taya tangan pangawasa...sinar hejo terus muter ngurilingan kuring jeung tangkal loa,beuki lila beuki luhur, terus melesat ka langit. Kuring bati colohok bari ngahuleng, ras ku pangalaman ieu peuting, boga salah naon kuring ka bangsa dedemit ? bet ku di udag-udag...?. Ach...weleh teu kapikiran. Antukna kuring nundutan bakat ku cape,panon karasa beurat teu beunang dibeuntakeun...lep...kuring ngalenyep, kakarak oge sakiceup mata peureum...kadenge angin ngaguruh handaruan dibarengan ku sora anu ceurik meni ngabangingik tur sisidueun, kuring buru buru cengkat mepedkeun awak kana tangkal loa, sora anu ceurik beuki lila beuki eces...sakapeung  asa di kidul..sakapeung asa di wetan, kuring geus teu hayang lumpat,percumah sajauh kumaha kuring lumpat dedemit angger ngarudag-ngudag, jeun teuing kumaha behna wae, ceuk hate ngagerentes. Naha bet kudu sieun apan aya Allah anu nyaksian ieu kajadian. Can beres kuring mikiran siasat kudu ku maha ngayonan para dedemit,”BUGH...!” aya anu ngagedug hareupeun malahan persis dina tungtung suku, teu antaparah ngan habek wae kukuring ditajong sataker kebek, rasa sieun jadi leungit...datang rasa ambek nu teu beunang ditahan, awak kuring asa jadi ngagedean, ngageter ku rasa amarah anu teu katahan, anu ditajong teu uget-uget acan...kerewek di cekel beunang pisan, karasa aya bu ukan, pasti ieu hulu manusa anu tadi ngamimitian ngaganggu, ngan jebrod...jebrod..terus dibanting banting kana tangkal loa, duka sabaraha kali dibantingkeun bari teuleupas dikeukeuweuk...tapi...naha leungeun jadi hampang ? ahhhh....hulu teh euweuh....!!!!! rieg...taneuh anu di tincek asa endeur ciga ku lini...kuring usaha sataker kebek supaya ulah labuh....HAHAHAHAHAHA.....HEUUUUU...HEUUUU...HEEUUUU...HAHAHAHAHAHAHA.....”Kadenge sora anu saleuseurian patembalan teu puguh kadengena, aya anu nyakakak, aya anu nyikikik...gerewek karasa aya anu nyekelan suku lebah bincurang...aaaaaawwww....!!! kuring ngagorowok tarik pisan barang ningali sapasang leungeun buluan.kukuna paranjang lalancip muntangan kadua suku kuring,anu matak leuwih reuwasna...eta leungeun...euweuh awakan anu bogana, estu saukur leungeun kaluar tina jero taneuh anu di tincak kukuring...suku kuring dibedol tarik pisan...terus dipaksa di bawa asup kajero taneuh...sakedet netra suku kuring geus ngabelesek nepi kana mumuncangan, kuring sakuat tanaga nangkeup pageuh kana tangkal loa....aaaaaaaaa.....!!!!!....hulu manusa anu tadi kukuring dibanting-banting teu kanyahoan mecenghul tina  jero tangkal loa...matana herang warna bodas euweuh hideungan...buukna ngaringkiwik...gigideug bangun anu hayang geura bijil nembus kulit tangkal loa...huntuna ngagurilap seukeut...kapaksa kuring ngaleupaskeun tangkal loa anu dikeukeupan. “GUBRAGGGHHH....!” awak kuring nangkarak niban lemah...sedengkeun leungeun anu datangna ti jero taneuh terus maksa ngagusur kuring tarik pisan...kadua leungeun kuring roroesan neangan pamuntangan....kerewek aya anu kacekel, kuring muntang sataker kebek..”BREEEEE...TTTTSSSS...!” Anu dipuntangan karasa pegat aya anu haneut maseuhan dampal leungeun........barang di reret.....aaaaaaaaaaaaaaaaa..........geuningan bitis jalma anu coplok tina tu ur nepi ka mumuncangan beye jeung bau bangke tapi getihna ngucur maseuhan leungeun kuring...teu antaparah keleweng eta bitis jalma teh kukuring di alungkeun...sora anu seuseurian beuki tarik jeung beuki loba rupa sorana...angin terus ngagelebug ciga anu hayang ngaruntuhkeun sakabeh tatangkalan anu aya, kalayang...hulu manusa anu tadi bijil tina tangkal loa ngalayang luhureun beungeut kuring, biwirna renya-renyu...ciga anu dek ngomong...sorana peura mimiti kaluar tina biwirna...duka ngomong naon teu kaharti pabaur jeung angin anu tarik...satekah polah kuring ngejetkeun kadua suku anu haben wae dibebedol....bari leungeun papukis ngababukan hulu manusa anu terus ngadeukeutan beungeut bangun anu hayang ngegel...kuring milih repeh...teu gogorowokan deui, mimiti bisa ngadalikeun diri....sakuat tanaga kuring narik nafas, ngumpulkeun sakabeh kakuatan anu tadi beak laleungitan kurasa kasieun.....”Allahhhhhhhhuuuakbar!!!” kuring takbir bari ngaronjang eta hulu...BUSSSSSSZZZZZZZZZZ..........!!!! sakocepat hulu manusa anu kumalayang leungit tanpa jirim ilang tanpa karan, kitu oge leungeun anu keukeuh ngabebedol suku eureun...angin eureun...anu ceurik jeung sareuseurian  eureun...sakabeh musna ngan sakolepat...alam balik deui kana kaayaan normal jempling...tiis jeung tiris. Girimis geus eureun, kuring masih ngabebengkang nangkarak handapeun loa, neuteup langit anu mimiti bengras kucahaya balebat...cimata rembes, maseuhan pipi...ngagerentes ku istigfar...kuniang kuring cengkat, terus diuk handapeun loa. Ngareureuh keun kacape jeung kareuwaas. Cai anu ngerelek handapeun akar loa...ibarat ngerelekna waktu nuju ka subuhnakeun. Sabadana abdas, kuring adan handapeun loa, terus solat subuh, ngado’a panjang ka Allah nu murbeng alam, ngucap sukur tos disalametkeun tina balai. Cimata kuring murubut ibarat hujan, sujud sukur kanu Maha Welas tur Maha asih. Mangsa geus corengcang tihang. Kuring nuluykeun leumpang, mapay-mapay jalan satapak anu nuju kalembur. Suku karasa lalinu jeung nyareri sa awak-awak.Hawar hawar kuring ngadenge sora jalma rame, katingali nyarekel obor, seuneuna cing laleok katiup angin. Masih keneh jauh di lebak tapi eces puguh wanci geus isuk-isuk. Gorowok kuring ngagorowok...”Heeeeeeeyyyyyyy....!” terus kuring ngagorowok deui, sugan wae anu dilalebak mireungeuh. Allhamdulilah...anu digorowokan narembalan terus katingali lalumpatan nyarampeurkeun. Ua kuring geuningan jeung sakabeh tatangga anu deukeut ka imah aya kana 20 urangna. Kuring digalabrug dikareukeupan, malah aya anu ngecak cimata bari ngusapan sirah. Kadenge ngarucap sukur tina biwirna sewang-sewangan.”Duh...kasep naha tos timana 3 poe kakarak mulang ?...jeung ieu baju meni bobolokot...? Uwa nanya bari nangkeup pageuh, kuring ukur bisa ngahuleng...naha bet tilu poe ? puguh rarasan mah ngan sapeuting. Uwa surti ku kabingung kuring. Pokna keun wae anu pentingmah geus salamet, ke we deuk cacarita mah di lembur”. Kuring pada nuyun ciga budak leutik anu kakarak panggih tina leungit......cag (TAMAT)

 

SESA TILU TAUN KATUKANG

Panon poe kakarak meletek, ibun pating gurilap dina pucuk dangdaunan lir siki mutiara anu ngagararantung, angin leler ngahiliwir di pirig ku haleuangna sora pacikrak pipireun imah. Puguh matak betah tumaninah. Komo deui jang panganten anyar saperti Ridwan jeung Ratih , anu keur meujeuhna sono bogoh. Dunya asa milik duaan, jauh tina kasedih jeung kamelang, nu aya ngan maduna cinta anu peu’eut kabina-bina. Ratih kakarak beres naheur cai jeung masak,nyadiakeun salaki anu dipikacinta. Duaan anteng ditengah imah bari silih oconan, silih ciwit silih toel teu aya bosena. Kadenge sora Ratih anu nyeukeukeuk manja bari terus ngagabrug ka salalakina bari nagkeup ti pepereket.
Teu karasa waktu nyerelek, geus tili taun kaliwat rumahtangga Ridwan jeung Ratih, tapi can keneh boga budak, geus sagala cara dicobaan. Timimiti Paramedis nepi ka Tabib tapi weleh cang ngabuah keun hasil. Sakapeung Ratih sok ngalamun asa ku tugenah rumah tangga geus tilu taun tapi can ngabogaan keneh momongan, asa teu sampurna jadi awewe. Sore anu haleumheum,balik ngantor Ratih ngadon ngalamun dina kaca jandela nyawang jauh nalingakeun rempegna imah tur gedong-gedong sigrong anu mimiti minuhan tempat. Teu ciga lima taun katukang mangsa manehna lelengohan, asa ku ublag ablag lembur teh,tapi kiwari...beu...beuki heurin usik. Guriwel aya sapasang leungeun meulit kana cangkengna, gebeg..! Ratih ngarenjag, asa digareuwahkeun tina panglamunan.”Nya...ngalamun deui...? kadenge sora Ridwan ngharewos kana ceulina lalunan, bari nyangheuykeun gadona dina taktak Ratih. Anu dirangkul malik bari ngadilak bungah. “Aaahhh...akangmah sok ngareureuwas...suganteh ririwa teu pupuguh nangkeup !”. Ratih meulitkeun leungeunna kana punduk salakina.”Neng...upami aya keneh Mira, meureun moal tiiseun teuingnya...bakal aya anu maturan ngobrol ka urang duaan, jigana upami Mira masih keneh jumeneng meureun tos gaduh budak boa miheulaan urang..”. Ridwan humandeuar bari tetep ngakeup pamajikan nana.”REKEEEEEEE.....T ..T ..T ..T ..T ..T ..T ..T....BLUGH..!!!”panto belah tukang anu nuju ka taman ngajablog  teu pupuguh ditiup angin, sorana tarik pisan nepi ka kaca jandela karasa ngageter. Gebeg...Ridwan jeung Ratih ngararenjag, duanana silih pelong...angin ngahiuk kajero imah.”..MEOOONGGGG...GUPRAK...PRANGXZZ...”. Si Logay teu pupuguh ngajleng tina korsi sofa bari sagala di tubruk, nepikeun kendi hias anu aya dina luhureun gupet peupeus lalagragan, eta ucing terus nyempod ka juru bari nyentangkeun awak jeung buntutna bangun aya anu dipikasieun. Ridwan ngahuleng sakeudeung, “aya angin timananya...naha si Logay bet lumpat ?” teuing nanya kasaha da puguh bari culang cileung, “Neng....” Ridwan malik deui ka Ratih, anu di pelong langsung ngagabrug ti pepereket, dampal leungeunna karasa baseuh kesangan,”ssssssstttttt....kunaon Neng ? teu aya nanaon..bieumah ukur angin”. Ridwan negerkeun hate pamajikan nana. Anu di ajak nyarita kadon nyusupkeun beungeut kana dada salakina. Nafasna kadenge renghap ranjug kawas anu geus lumpat. “Kang....nengggg...mah tadi asa ningg...ngali...anu ngolebat kalebet bumi..”. Ratih ngaharewos sabari nahan ambekan nana,”aaahhh...maenya wayah kieu..aya ririwa..neng..!?. ridwan ngupahan pamajikan nana. Ratih di tungtun ku salakina di bawa asup ka rohangan dapur,” urang masak emih meningan oge nuju usum tiris kieumah raos gera”. Ridwan mapalerkeun hate pamajikan nana. Anu sabenernamah manehna sorangan oge, reuwas jeung bingung, asa maruringkak bulu punduk jeung asa ngambeu seuseungitan anu teu wajar saliwat, basa panto ngajablog jeung si Logay luncat tina korsi. Asa aya rasa anu beda henteu saperti biasana. Padahal geus dua taun leuwih nyicingan imah duaan jeung pamajikan nana, kakarak harita ngalaman aya kajadian ciga kitu. Pon kitu deui Ratih, manehna leuwih kaget, reuwas jeung sieun, lantaran sakolebat manehna asa ningali jirim awewe anu asup ka imah, malahan eces katingali ku juru mata dina kaca jandela ngalangkang satukangeun manehna...Ratih apal kana rigigna eta awewe...
Wanci geus kapeuting nakeun, tapi Ratih can keneh bisa sare, gedebrag gedebrug guling gasahan, nyangigir salah, nangkarak salah, sumawona nangkuban asa eungap teu bisa ngarenghap. Hawa karasana hareudang bayeungyang, ret kagigireun salakina geus ngagoplek tibra, diteuteup anteb bari di usapan pipina. Ratih cengkat bari memener buuk, terus ngolesed tina tempat sare maksud dek turun ngahirupkeun kipas angin anu ngagantung gede dina lalangit kamar, jut manehna turun ngarumbaykeun suku diuk sakeudeung dina sisi tempat sare,”KEREWEK...!” Karasa aya anu ngajewang pigeulang sukuna tina kolongeun ranjang, koceak Ratih ngajerit...”aaaaawwwww...!!!”  Dikejetkeun sukuna mari gajleng balik deui ka tempat sare, Ridawan jongjon ngagebra teu ieuh ka gareuwahkeun,”WUSSSSSHHHHHH”kipas angin teu pupuguh hirup sorangan muter tarik pisan, puguh we Ratih beuki reuwas kesang ngoprot sa awak-awak ngagarajag jiga anu di banjur, bari jeung sieun juru matana ngareret kana kipas angin anu muterna mimiti ngalaunan deui”...aaaaaaaaaawwwwwwwww....kanggggg....!!!!”, Ratih ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat bari ngarontok salakina anu jongjon ngageubra, curukna ngacir nununjuk ka palebah kipas angin. Aya awewe ngagantung dina kipas angin, sirahna ngalehek kana taktak, letahna ngelel...panonna molotot nahan kanyeri.  Ridwan ngorejat culang cileung bari lulungu.”Aya naon neng...hey...aya naon...?” Ridwan rungah ringeuh  bingung ningali polah Ratih anu nyusupkeun beungeut kamanehna bari keukeuh nunjuk kipas angin. Ridawan ngareret kana kipas angin....ewueh anu aneh, kipas masih dina tempatna ngagantung  pageuh teu rengrot. Lalaunan ridwan nyengkatkeun Ratih anu masih ngadegdeg awakna, pok nyarita”Neng  teu aya nanaon, istigfar anggur oge...tong sieun pan aya akang...” . Ridwan ngelingan pamakjikan nana.Ridwan ngolesed tina tempat sare maksud dek nyolot cai nginum jang Ratih, supaya bisa tenang. Ratih ngilu turun nyekel pageuh kana leungeun salakina,antukna dua nana kaluar ti kamar nuju rohangan tengah, gek duanana diuk dina sofa, sanggeus mere nginun Ratih, Ridwan ngahirupkeun TV malah ka ayaan ulah simpe teuing, ret kana jam dinding nunjukeun tabug satengah dua isuk, lalajoeun euweuh nu bener malahan lolobana stasion TV geus areureun puguh geus liwat titengah peuting. Sabenerna Ridwan hayangnanya ka pamajikan nana, naha sabenerna aya naon tapi ningali galagat Ratih anu masih keneh pias jeung teu daek ngomong, Ridwan teu jadi tumanya. Ridwan ukur bisa nyangkeh pamajikan nana bari teu eureun diusapan sirahna. Sirah Ratih ngulisik malik neuteup salakina, cimatana reumbay...segruk Ratih ceurik ngaguk-guk dina sangkehan salakina. Pikiran nana kumalayang inget kana kajadian tadi, sidik pisan awewe anu ngagantung dina kipas angin. Ratih apal kana beungeutna malahan leuwih ti apal. Manehna inget mangsa-mangsa anu kaliwat, babarengan suka seuri, lamin sedih sedih duaan lamun senang, senang oge duaan, malah tara ieuh papisah lain indit ku auya ka pentingan masing = masing anu teu bisa dilakukaeun ku duaan. Estu ceuk pari basa Sundamah ibarat gula jeung amisna hamo bisa dipisah keun. Ratih beuki tarik ceurikna terus nyegruk nepi ka isuk, cape balas ceurik, tungtuna sare ngagebra duna sangkehan salakina. Kitu deui Ridwan terus tibra bari nyarande dina sofa, bari ngakeup pamajikan nana. Bray...panon poe meletek, duanana nguniang tina sare. Ridwan gura giru lumpat kacai puguh waktu geus meped ka jam tujuh isuk-isuk, waktuna di gawe. Sumawona Ratih bari sirah masih karasa balideg oge manehna geuwat ngaleos kadapur maksudna dek nyadiakeun sarapan jang salakina. “Tet Tott...Tet tott..assalamu’alaikum”. Kadenge bel imah aya anu mencet. Bari rada hoream Ratih ngoloyong deui ka hareup, kulutrak muka konci, pucunghul sirah saurang awewe umur 40 taunan bari seuri “ wilujeng enjing neng Ratih...”pok na, “wilujeng enjing bi...sok kalebet, naha bibi meni siang kadieuna ? biasana tabuh genep tos kadieu, janten we abdi kasiangan..?”. Ratih mentog ka bi Warsih, inyana anu sok babantu di imah Ridwan jeung Ratih, purah nyeuseuh jeung masak, pembantu cenah ngarana ceuk jaman kiwarimah. Ngan bae teu mondaok didinya, bi Warsih gawena ukur nepi ka jam opat sore. “Saleresnamah Neng bibi tos dua kali uihan kadieu, tabuh genep bibi sapertos biasa tos ngebel panto, namung teu aya anu ngawaler, janten bibi wangsul deui, da pangemut teh bilih ngaganggu kanu kacapean panginten, apanan tadi wengi teh malem jumaah”. Ttembal bi Warsih bari nyerengeh. Gebeg Ratih ngangebeg, enya wae, tadi peuting teh malem jumaah, pantes atuh aya jurig nyilieuri setan mindah rupa ngadon ngadatangan manehna. Birigidig Ratih ngabirigid bari ngusaf beubgeut, “ku naong neng ?” bi Warsih heraneun ningali pamolah Ratih. “Ah..henteu bi, sok mangga kalebet weh”.
Duanana ngabaliur ninggalkeun imah, nuju kantor sewang-sewangan. Ridwan nganteurkeun heula Ratih saperti biasana, kakarak manehna nuluykeun nuju kantorna sorangan. Bi Warsih gura giru beberes saperti biasana, teu kungsi dua jam imah geus beresih jeung rapih. Sakabeh gordeng di singray-singray keun supaya cahaya ponon poe bisa nembus bebas ka jero imah, komo imah Ridwan jeung Ratih mah beungeutna nyinghareup ka wetan.”enggg....ngeong...ngeong...”kadenge sora si Lugay ngaherengan di luhur, tara biasana eta ucing hehereng ciga kitu, bi Warsih getap nyampeurkeun kaluhur, pikirna lapar meureun si Lugay, “lugay....lu....lu...lugay...” bi Warsih nyalukan ucing bari mamawa mangkok eusi parab, terus naekan tangga ka loteng ,  nepi ka rohangan loteng nyampak si Lugay keur ngaherengan kaca lomari hias, anu pinuh ku boneka, koleksi Ratih jaman keur rumaja jeung koleksi boneka Mira anu jadi adina. “Dasar ucing...boneka diherengan...disangka beurit kitu ?”.Bi Warsih kutuk geneng bari nyampeurkeun si Lugay, “ elu..ieuh daripada ngaherengan boneka meningan dahar tah !..” sokmangkok parab di asongkeun ka si Lugay”Weonggggg...!!!!” si Lugay teu pupuguh ngarontok kaca terus nguliwed katukangeun bi Warsih, puguh we bi Warsih ngarenjag reuwas”ih kunaon ari maneh ?” bi Warsih bangun anu kesel ka si Lugay. Leos bi Warsih balik deui ka rohangan handap, teu mirosea pamolah si Lugay anu terus rorontok kana kaca sakapeung kana korsi terus nyakaran karpet bari teu reureuh uang eong. “TRANGSS....!” kadenge aya sora anu lagrag, kolotarak.....bangun anu ngagulutuk, ret bi Warsih katukangeun nana katingali tatakan stainles ngagilinding terus miheulaan manehna turun tangga. Bi Warsih olohok,” naha tatakan timana ? bet aya di luhur ? urut cep Ridwan meureun... dasar ucing bangor..”. Bi Warsih terus tuurubun nuturkeun tatakan anu ngagilinding ku jauh terus maju nepi ka panto kamar ridwan jeung Ratih, kerewek di jewang ku bi Warsih nepikeun nubruk panto, bray ! panto kasurungkeun muka, gebeg bi Warsih ngagebeg ningali saurang awewe keur ngajepat disimbut dina kasur, bi Warsih ngagerentes”Apanan neng Ratih tadi geus indit jeung salakina, naha saha ari ieu ? balik deui kitu neng Ratih teh ?” lalaunan bi Warsih ngeteyep nyampeurkeun anu sare”Neng...neng...kunaon mulih deui ? eneng teu raraos ?” tanya bi Warsih kanu ngajepat dina kasur, anu ditanya malah nonggongan lain ngajawab. Bi Warsih ngawanikeun maneh noel anu ngaringkuk nonggongan, barang anu ngaringkuk malik, “aaaaaaaaawwwwwwwww....!!!”. Bi Warsih ngoceak bari malik lumpat, panto kamar di bantingkeun sataker kebek, naha eta saha...naha bet rata beungeutna...euweuh panonan...euweuh irungan...euweuh biwiran...barared jeung getih hungkul. Bi Warsih terus mangpret kaluar imah. Tiiiiitttttt....kadenge kelakson mobil tiluareun pager imah. Reg Warsih eureun tina lumpatna. Singhoreng Ridwan jeung Ratih baralik deui, padahal kakarak jam sapuluh isuk-isuk. Bari jeung reuwas keneh bi Warsih muka panto pager. Sanepina diburuan Ridwan jeung Ratih gura giru turun nyampeurkeun bi Warsih anu renghap ranjug. “Kunaon bi ?...aya naon ?...” dua nana hari weusweus nanya bi Warsih. Anu di tanya ukur narik nafas panjang, gek diuk dina sisi teras bangun anu lungse. Ratih nyampeurkeun, gek diuk gigireun bi Warsih,”Bi...cing nyarios ka abdi, aya naon”, Bi Warsih ngareret kanu nanya, manehna maksakeun nyerengeh”henteu neng eta si Lugay...diparaban ku bibi tapi kadon ngarontok jiga anu dek ngegel.” Bi Warsih kapaksa ngabohongan ka dunungan nana, maksudna mah bisi dunungan nana jadi sarieuneun lamun di dongengkeun naon anu geus katingali ku manehna. Ratih ngerutkeun tarang...manehna surti aya anu dirahasiakeun ku bi Warsih ka manehna, tapi Ratih teu hayang loba omong, pok na, “ah...suganteh kunaon ari bibi...” sabari cengkat terus nyampeurkeun salakina. Tiluan nana sareuri koneng...
Wanci geus kapeuting nakeun, tapi Ratih can keneh bisa sare, gedebrag gedebrug guling gasahan, nyangigir salah, nangkarak salah, sumawona nangkuban asa eungap teu bisa ngarenghap. Hawa karasana hareudang bayeungyang, ret kagigireun salakina geus ngagoplek tibra, diteuteup anteb bari di usapan pipina. Ratih cengkat bari memener buuk, terus ngolesed tina tempat sare maksud dek turun ngahirupkeun kipas angin anu ngagantung gede dina lalangit kamar, jut manehna turun ngarumbaykeun suku diuk sakeudeung dina sisi tempat sare,”KEREWEK...!” Karasa aya anu ngajewang pigeulang sukuna tina kolongeun ranjang, koceak Ratih ngajerit...”aaaaawwwww...!!!”  Dikejetkeun sukuna mari gajleng balik deui ka tempat sare, Ridawan jongjon ngagebra teu ieuh ka gareuwahkeun,”WUSSSSSHHHHHH”kipas angin teu pupuguh hirup sorangan muter tarik pisan, puguh we Ratih beuki reuwas kesang ngoprot sa awak-awak ngagarajag jiga anu di banjur, bari jeung sieun juru matana ngareret kana kipas angin anu muterna mimiti ngalaunan deui”...aaaaaaaaaawwwwwwwww....kanggggg....!!!!”, Ratih ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat bari ngarontok salakina anu jongjon ngageubra, curukna ngacir nununjuk ka palebah kipas angin. Aya awewe ngagantung dina kipas angin, sirahna ngalehek kana taktak, letahna ngelel...panonna molotot nahan kanyeri.  Ridwan ngorejat culang cileung bari lulungu.”Aya naon neng...hey...aya naon...?” Ridwan rungah ringeuh  bingung ningali polah Ratih anu nyusupkeun beungeut kamanehna bari keukeuh nunjuk kipas angin. Ridawan ngareret kana kipas angin....ewueh anu aneh, kipas masih dina tempatna ngagantung  pageuh teu rengrot. Lalaunan ridwan nyengkatkeun Ratih anu masih ngadegdeg awakna, pok nyarita”Neng  teu aya nanaon, istigfar anggur oge...tong sieun pan aya akang...” . Ridwan ngelingan pamakjikan nana.Ridwan ngolesed tina tempat sare maksud dek nyolot cai nginum jang Ratih, supaya bisa tenang. Ratih ngilu turun nyekel pageuh kana leungeun salakina,antukna dua nana kaluar ti kamar nuju rohangan tengah, gek duanana diuk dina sofa, sanggeus mere nginun Ratih, Ridwan ngahirupkeun TV malah ka ayaan ulah simpe teuing, ret kana jam dinding nunjukeun tabuh satengah dua isuk, lalajoeun euweuh nu bener malahan lolobana stasion TV geus areureun puguh geus liwat titengah peuting. Sabenerna Ridwan hayangnanya ka pamajikan nana, naha sabenerna aya naon tapi ningali galagat Ratih anu masih keneh pias jeung teu daek ngomong, Ridwan teu jadi tumanya. Ridwan ukur bisa nyangkeh pamajikan nana bari teu eureun diusapan sirahna. Sirah Ratih ngulisik malik neuteup salakina, cimatana reumbay...segruk Ratih ceurik ngaguk-guk dina sangkehan salakina. Pikiran nana kumalayang inget kana kajadian tadi, sidik pisan awewe anu ngagantung dina kipas angin. Ratih apal kana beungeutna malahan leuwih ti apal. Manehna inget mangsa-mangsa anu kaliwat, babarengan suka seuri, lamun sedih,  sedih duaan lamun senang, senang oge duaan, malah tara ieuh papisah,  salain indit ku aya ka pentingan masing - masing anu teu bisa dilakukaeun ku duaan. Estu ceuk pari basa Sundamah ibarat gula jeung amisna hamo bisa dipisah keun. Ratih beuki tarik ceurikna terus nyegruk nepi ka isuk, cape balas ceurik, tungtuna sare ngagebra dina sangkehan salakina. Kitu deui Ridwan terus tibra bari nyarande dina sofa, ngakeup pamajikan nana. Bray...panon poe meletek, duanana nguniang tina sare. Ridwan gura giru lumpat kacai puguh waktu geus meped ka jam tujuh isuk-isuk, waktuna di gawe. Sumawona Ratih bari sirah masih karasa balideg oge manehna geuwat ngaleos kadapur maksudna dek nyadiakeun sarapan jang salakina. “Tet Tott...Tet tott..assalamu’alaikum”. Kadenge bel imah aya anu mencet. Bari rada hoream Ratih ngoloyong deui ka hareup, kulutrak muka konci, pucunghul sirah saurang awewe umur 40 taunan bari seuri “ wilujeng enjing neng Ratih...”pok na, “wilujeng enjing bi...sok kalebet, naha bibi meni siang kadieuna ? biasana tabuh genep tos kadieu, janten we abdi kasiangan..?”. Ratih mentog ka bi Warsih, inyana anu sok babantu di imah Ridwan jeung Ratih, purah nyeuseuh jeung masak, pembantu cenah ngarana ceuk jaman kiwarimah. Ngan bae teu mondok didinya, bi Warsih gawena ukur nepi ka jam opat sore. “Saleresnamah Neng bibi tos dua kali uihan kadieu, tabuh genep bibi sapertos biasa tos ngebel panto, namung teu aya anu ngawaler, janten bibi wangsul deui, da pangemut teh bilih ngaganggu kanu kacapean panginten, apanan tadi wengi teh malem jumaah” tembal bi Warsih bari nyerengeh. Gebeg Ratih ngangebeg, enya wae, tadi peuting teh malem jumaah, pantes atuh aya jurig nyiliwuri setan mindah rupa ngadon ngadatangan manehna. Birigidig Ratih ngabirigid bari ngusap beungeut, “ku naong neng ?” bi Warsih heraneun ningali pamolah Ratih. “Ah..henteu bi, sok mangga kalebet weh”.
Duanana ngabaliur ninggalkeun imah, nuju kantor sewang-sewangan. Ridwan nganteurkeun heula Ratih saperti biasana, kakarak manehna nuluykeun nuju kantorna sorangan. Bi Warsih gura giru beberes saperti biasana, teu kungsi dua jam imah geus beresih jeung rapih. Sakabeh gordeng di singray-singray keun supaya cahaya ponon poe bisa nembus bebas ka jero imah, komo imah Ridwan jeung Ratih mah beungeutna nyinghareup ka wetan.”enggg....ngeong...ngeong...”kadenge sora si Lugay ngaherengan di luhur, tara biasana eta ucing hehereng ciga kitu, bi Warsih getap nyampeurkeun kaluhur, pikirna lapar meureun si Lugay, “lugay....lu....lu...lugay...” bi Warsih nyalukan ucing bari mamawa mangkok eusi parab, terus naekan tangga ka loteng ,  nepi ka rohangan loteng nyampak si Lugay keur ngaherengan kaca lomari hias, anu pinuh ku boneka, koleksi Ratih jaman keur rumaja jeung koleksi boneka Mira anu jadi adina. “Dasar ucing...boneka diherengan...disangka beurit kitu ?”.Bi Warsih kutuk geneng bari nyampeurkeun si Lugay, “ elu..ieuh daripada ngaherengan boneka meningan dahar tah !..” sok mangkok parab di asongkeun ka si Lugay ”Weonggggg...!!!!” si Lugay teu pupuguh ngarontok kaca terus nguliwed katukangeun bi Warsih, puguh we bi Warsih ngarenjag reuwas”ih kunaon ari maneh ?” bi Warsih bangun anu kesel ka si Lugay. Leos bi Warsih balik deui ka rohangan handap, teu mirosea pamolah si Lugay anu terus rorontok kana kaca sakapeung kana korsi terus nyakaran karpet bari teu reureuh uang eong. “TRANGSS....!” kadenge aya sora anu lagrag, kolotrak.....bangun anu ngagulutuk, ret bi Warsih katukangeun nana katingali tatakan stainles ngagilinding terus miheulaan manehna turun tangga. Bi Warsih olohok,” naha tatakan timana ? bet aya di luhur ? urut cep Ridwan meureun... dasar ucing bangor..”. Bi Warsih terus tuturubun nuturkeun tatakan anu ngagilinding, ku jauh terus maju nepi ka panto kamar Ridwan jeung Ratih, kerewek di jewang ku bi Warsih nepikeun nubruk panto, bray ! panto kasurungkeun muka, gebeg bi Warsih ngagebeg ningali saurang awewe keur ngajepat disimbut dina kasur, bi Warsih ngagerentes ”Apanan neng Ratih tadi geus indit jeung salakina, naha saha ari ieu ? balik deui kitu neng Ratih teh ?” lalaunan bi Warsih ngeteyep nyampeurkeun anu sare”Neng...neng...kunaon mulih deui ? eneng teu raraos ?” tanya bi Warsih kanu ngajepat dina kasur, anu ditanya malah nonggongan lain ngajawab. Bi Warsih ngawanikeun maneh noel anu ngaringkuk nonggongan, barang anu ngaringkuk malik, “aaaaaaaaawwwwwwwww....!!!”. Bi Warsih ngoceak bari malik lumpat, panto kamar di bantingkeun sataker kebek, naha eta saha...naha bet rata beungeutna...euweuh panonan...euweuh irungan...euweuh biwiran...barared jeung getih hungkul. Bi Warsih terus mangpret kaluar imah. Tiiiiitttttt....kadenge kelakson mobil tiluareun pager imah. Reg Warsih eureun tina lumpatna. Singhoreng Ridwan jeung Ratih baralik deui, padahal kakarak jam sapuluh isuk-isuk. Bari jeung reuwas keneh bi Warsih muka panto pager. Sanepina diburuan Ridwan jeung Ratih gura giru turun nyampeurkeun bi Warsih anu renghap ranjug. “Kunaon bi ?...aya naon ?...” dua nana hari weusweus nanya bi Warsih. Anu di tanya ukur narik nafas panjang, gek diuk dina sisi teras bangun anu lungse. Ratih nyampeurkeun, gek diuk gigireun bi Warsih,”Bi...cing nyarios ka abdi, aya naon”, Bi Warsih ngareret kanu nanya, manehna maksakeun nyerengeh”henteu neng eta si Lugay...diparaban ku bibi tapi kadon ngarontok jiga anu dek ngegel.” Bi Warsih kapaksa ngabohongan ka dunungan nana, maksudna mah bisi dunungan nana jadi sarieuneun lamun di dongengkeun naon anu geus katingali ku manehna. Ratih ngerutkeun tarang...manehna surti aya anu dirahasiakeun ku bi Warsih ka manehna, tapi Ratih teu hayang loba omong, pok na, “ah...suganteh kunaon ari bibi...” sabari cengkat terus nyampeurkeun salakina. Tiluan nana sareuri koneng...(nyambung....)
Reup magrbi Ridwan ningali pamajikan nana aya ku tanghinas ngahurung hurungkeun lampu,atuh rohangan imah jadi ngebrak caang jiga anu dek hajat.  TV di hirupkeun jeung sorana ditarikan, “neng kunaon ieuteh ? tara biasana narikan sora TV sareng ngahurungkeun lampu sakieu caangna ?”. Ridwan mimiti nanya pamajikan nana kulantaran ngarasa heran ku pamolahna.”Supados teu keu eung kang, neng mah sieun aya jurig deui...” tembal Ratih. Ridwan asa di ingetan, kajadian tadi peuting oge can apal aya naon naon na, puguh tadi peuting Ratih teu beunang di tanya. Ridwan nyerengeh bari nuyun pamajikan nana,”neng...cing akang hoyong terang, ari tadi wengi aya naon ?”. Gebeg anu ditanya ngagebeg, asa di seureud engang jigana nepi ka tingali pisan awakna ngageter...”tong naros eta kang...neng sieun, malahan akang mah wengi oge jongjong tibra..” Ratih sepa deui beungeutna ras inget kana kajadian tadi peuting.”Mening oge nyarios  supaya akang apal aya naon-naona...apanan lamun kajadian itu ieu, akang puguh meureun nyikepan nana, henteu jiga ayeuna...akang bingung  ari neng sieun kunaon...? da akang mah teu ngarasa aya nanaon..”. Panjang lebar Ridwan negeskeun mamksudna, Ratih ngahuleng sakeudeung, kojengkang manehna nyokot cai nginum anu ngajugrug dina galon, lek nginum bangun anu haus kacida. Gek deui diuk gigireun salakina, malah meni nempel meped diukna  ciga anu sieun pajauh, Ridwan meulitkeun leungeuna kana cangkeng Ratih.”Kang...tadi wengi abdi teu tiasa peureum...hareudang kacida...waktos abdi hudang bade turun tina ranjang...pean abdi aya anu ngabetot tikolong ranjang..meni karaos pisan tiis jeung heuras kulitna...teras abdi naek deui kana ranjang tapi kipas angin teu pupuguh muter sorangan...barang ku abdi di reret aya jalmi ngagantung...dina kipas...sareng abdi apal ka jalmi eta....”.  Cakakak Ridwan seuri nepi ka reumbay cimata, ngadenge dongeng pamajikan nana. “Neng matakna ulah sok ngalamun anu lain- lain..maenya aya jalma ngagantung dina kipas sagala, jiga filem horror wae...”. Ratih ngagadeud keuheul kasalakina, dumeh teu percaya kana naon anu dicaritakeun na. “Nya akang mah kadon nyeungseurikeun, lain kadua karunya...? tadi cenah nitah nyarita..ayeuna tos dicaritakeun malah ngageuhgeuykeun...”. “GULUKGUK....GULUKGUK...GULUKGUK...”. Ngadadak kadenge sora galon cai disada tarik pisan gelembung caina terus naek turun. Serrrr......karasa aya angin asup kajero imah duka timana datangna beuki lila beuki tarik, serelek hordeng hareup ngagulung kasisi bangun aya anu mukakeun...katingali diluar hujan ngagebret...”KOLENYAY DUERRRRR...!” sora guludug tarik pisan, “”Rekeeeeettttttttt.....BRANGS...”” panto pager imah muka disurung angin. Ridwan ereun tina seurina, “euleuh naha ieuteh teu gugur teu angin bet hujan..” terus manehna cengkat, kojengkang ka dapur nyokot payung niat dek nutupkeun panto pager imah. Ratih gura giru nuturkeun...”kang eneng ngiring....”, Ridwan teu nembalan ukur ngalieuk bari terus noyod ka dapur. Bari jejengkean nyingkahan cai leuncang duanana leumpang kaburuan, ceg kana panto pager terus disurungkeun, “neng cepeng payungna...beurat geuning  pantoteh, kurang oli sigana” Teu ngadagoan ditembalan Ridwan nyered panto...hiuk angin ngagedean...kalayang...payung anu di cepengan ku Ratih ngalayang kabawa angin...”KOLENYAY JELEGER...” guludug nyamber deui...reg Ridwan ngarandeg teu nuluykeun nutupkeun pantona, diluareun pager...manehna ningali aya anu ngaringkuk ditengah jalan...ciga jalma anu nangkuban, lieuk manehna ka pamajikan nana, ngagupayan ku isyarat...Ratih bari jeung sieun oge nyampeurkeun...duanana jeng ngajanteng ngawaskeun anu ngaringkuk tengah jalan. Baseuh jibreg kahujanan,”Ratih ngaharewos “Kang  etamah jalmi sigana...boa teuing kapiuhan kasamber guludug...”. Ridwan unggeuk ngaheu’euhkeun omongan pamajikan nana. Keteyep dua nana ngeteyep nyampeurkeun jalma anu ngaringkuk tengah jalan. Bener wae, geuningan awewe..gok Ridwan cingogo leungeuna ngaragamang kana tak tak eta awewe anu nangkuban, terus awakna dibalikeun...barang geus nangkarak...”aaaaaaaaaaaaaa...!” Ridwan jeung Ratih bareng ngagarawak..eces pisan eta awewe anu ngajoprak teh beungeutna rata teu mang rupa, baloboran ku getih, getihna ngucur kabaseuhan cai hujan, can anggeus rasa reuwas jeung kagetna...kuniang eta awewe anu rata beungeutna teh cengkat...teu tatapasini deui Ridwan ngajewang  pamajikan nana bari lumpat kajeroeun pager imah, sataker tanaga panto pager anu tadi pageuhteh di bantingkeun bari terus di konci. Duanana lumpat tibabaranting nuju ka panto imah. Geblus duanana satengah ngabantingkeun awak kajero, gebrug panto ditutupkeun terus di konci. Diluar kadenge sora anu seuri nyikikik...hihihi....hiihiiii.....angin pating saleor beuki tarik, Ratih melong kasalakina...biwirna ngageter, cigana hayang ngomong tapi teu aya sora anu kaluar..Ridwan buru buru ngeukeupan pamajikan nana, tuerus dituyun dibawa kakamar,rekeeeettttttt...panto kamar disurungkeun...gebeg !!! duanana kacida pisan ngagebegna...aya saurang awewe keur  diuk dina sisiranjang, ngagelenyu ngajak seuri kaduanana”MIRA....?!”, Ridwan nyebutkeun hiji ngaran, kulapes...golosoh...Ratih kapiuhan, sakedet netra eta awewe anu disebut Mira ku Ridwan geus euweuh tina tempatna. Bingung...sieun..heran..pacampur ngajadi hiji. Ridwan gura giru neangan minyak angin jang maluran Ratih anu masih keneh can inget tina kapiuhan nana. Beres ngaganti baju anu bararaseuh, Ridwan mindahkeun Ratih kana luhureun kasur, bari terus irungna di angseuan ku minyak angin, lalaunan Ratih lilir...cimatana rembes...bray beunta..gabrug kasalakina. Duanana ngaharuleng ngaraga meneng, sibuk ku alam pikiran nana masing masing, Peuting karasa beuki jempling, hujan angin geus reuereuh. Tinggal sora jankrik maturan peuting. Pikiran Ridwan nyoreang lampah katukang, mangsa jaman keuer bobogohan keneh jeung Ratih, manehna inget pisan lamun ulin kamamana teu bisa duaan kudu wae adina Ratih ngingilu, puguh duanana dalit pisan ciga budak kembar, padahal lain, umur ratih jrung Mira ngan beda sataun,matakan gedena ampir sarua,malahan lamun anu teu apalmah pasti nyangka eta dua wanoja teh kembar, teudipiceun sasieur beungeutna jeung rigigna sarupa pisan. Malahan Ridwan mindeng pisan kalejokeun ku duanana. Tapi hanjakal adat adatan nana beda pisan, lamun Ratihmah, lemah lembut jeung leuleuy keudeu, tapi Mira mah galak jeung gede ambek, Ridwan inget,hiji waktu manehna ngajak ulin ka Ratih susulumputan supaya Mira teu nyahoeun, tapi dasar sial balik ulin kaperego di lawang panto, puguh Mira ngadadagoan tibarang manehna indit jeung Ratih, barang gok Mira keur diuk di teras bari ngukeuweuk manuk parkit, ret manehna neuteup kuring jeung Ratih, tetela ka ambek ngolepat dina kongkolak matana, beungutna ngagadeud terus ngabalieur kediing hangit taya pupurieun nana. Anu matak reuwas, duka manehna sadar atawa hanteu...manuk parkit anu dikeupeul nepi kamejrel bakat kutipeperekat di pake nahan ka ambek. Tisaprak harita Ratih jadi beuki hese di ajak ulin, kulantaran embung ninggalkeun Mira, lamun maksa di tinggal keun pasti bakal pasea rongkah, Ratih mineng nga sms ka kuring lamun adina sok nyiksa kamanehna bakat ku embung di tinggalkeun ulin ku manehna jeung kuring. Jadi kieu salah kitu lain, kuring mineng ngageremet kesel hate, naha boga pi adieun teh bet ku bubudakeun wae teu pisan ngarti, egois jeung hayang ngeunah sorangan. Sakapeung Ridwan sok ngagerentes hayang teuing geura bogaweun kabogoh supaya manehna bisa ngarasakeun ari jeung kabogoh teh asa kumaha. Tapi anu leuwih anehna deui, lamun ulin bareng tiluan Mira sok leuwih ogoan ti batan Ratih, kuring mineng era ku kalakuan nana, kabogoh kuring Ratih tapi anu landa lende jeung manja beak karep malahan Mira. Ratih paling saukur meureudeuy nahan perasaan ningali pamolah anu jadi adina. Untungna Ratihmah teu getas harupateun, leuwih loba ngelehan batan nandingan. Malah Ratih mah pernah nyarita “keun wae da jodo mah moal lumpat kamana”.
Teu karasa poe geus ganti ka isuk, teu sakerejep kerejep acan, boro – boro hayang sare anu puguhmah sieun eta dedemit anu mangrupakeun Mira jeung anu beungetna rata baloboran ku getih datang deui. 
Poe saptu Ridwan jeung Ratih biasa pere tina gawe, duanana geus katingali bebenah barang, di bantuan ku bi Warsih. Cenah dek ngadon nganjang heula ka bibina Ratih. Sabari ngalongok imah titinggal kolot, geus ampir sataun can dilongok, ti saprak indung Ratih maot kaleleban ku Mira, ukur beda sataun indungna terus nyusul ka alam kalanggengan. Jam sapuluh isuk- isuk duanana geus ngabelesur ninggalkeun imah, nuju” Cipamohalan” kampung tempat Ratih jeung Mira di lahirkeun, puguh caricing dikota soteh kulantaran bapana meunang tugas di kota. Tisaprak bapana tilar dunya kulantaran panyakit jantung, ditambahan ku kacilakaan Mira kasamber kareta, indung Ratih milih balik deui ka kampung. Bet asa katurug katutuh memang musibah anu tumiba ka kulawargana Ratih harita. Eta oge anu ngajurung Ridwan buru-buru ngawin Ratih lantaran karunya geus paha tulalis ngan sa ukur aya bibi jeung pamanna eta oge di lembur. Opat jam perjalanan Ridwan jeung Ratih geus nepi kanu di jugjug. Diparapag ku kulawarga bibina meni asa sono, ngarariung di tepas bari uplek ngobrol mudalkeun kasono. Ridwan malahan di ajak ku mang Soma ningalian heula imah ka kulon, kulantaran teu ngabejaan heula dek daratang nya imah can diberesan cenah. Satepina kaburuan, “Mang geuningan bareresih..dirawat unggal dintennya ku mamang ?” bari tuluy muka panto tepas, blus ridwan kajero...karasa tiis puguh imah tara aya anu ngusian. Imah anu sakitu gedena dijieun tina kai dipanggungkeun katukangna,tembokna dilapis ku bilik hinis meunang malitur. “Wan...ari di rawatmah saban poe, lain ku mamang tapi ku si Ajat, tatangga mamang. Ngahaja supaya manehna boga gawe tambahan pikeun maraban anak pamajikan nana”. Mang Soma nembalan pananya Ridwan. “Upami biaya kanggo mayarna tisaha mang ? apanan abdimah teuterang upami aya anu dipiwarang ngarawatan ieu imah”. Mang soma ngajawab deui “Apanan unggal tilu sasih sakli Ratih sok ngintunan pikeun biayana mah”. Bari ngurilingan imah Ridwan ngobrol kaditu kadieu jeung mang Soma, salaki bibina Ratih.
Kasorenakeun Ratih geus bebenah jeung salakina, dek mondokan imah anu jadi kolotna, niatna hayang istirahat tina kacape gawe  jeung pangalaman dua poe kamari anu pikasieuneun. Imah kolotmah meureun leuwih genah jeung tumaninah sok sanajan anu bogana geus arareuweuh. Di Cipamohalan lemburna can gegek, antara imah hiji jeung imah sejena masih keneh paturenggang, puguh lalega keneh tanahna, henteu ciga di kota, ceuk bohongnamah hese hitut-hitut acan. Ratih ngahaja milih kamar hareup,kamar anu baheula di pake jeung adina. Duka kunaon hatena ku keukeuh hayang milih kamar eta, jiga anu poho kana kareuwas kamari lamun aya “MIRA” ngadon diuk disisi ranjang manehna. Bakat ku cape jeung tunduh urut peuting kamari teu sare, bada Isya duanana geus tibra ngagaluher, asup ka alam impian masing – masing. Panon poe geus meletek, sora manuk reang patembalan dina dahan angsana tukangeun imah. Angin tiis ngahiliwir.
Wanci geus bray beurang, Ratih mimiti katingali cenghar deui, sigana geus bisa tenang kabebenjokeun ku hawa seger jeung kabetah dilembur sorangan. Ridwan pon kitu deui, maneh na malahan keur sibuk mamawa kamera bari nutur-nutur manuk Bincarung anu keur baceo dina dahan tangkal Kokosan hareupeun imah. Kuat ka dengdek-dengdek melaan hayang meunang gambar anu sampurna. Ratih ngaleos ka kamar indungna, hayang ningali ranjang anu biasa di pake ku indungna mepende manehna baheula keur budak, ras inget jaman baheula,sok parebut jeung Mira hayang di saliksik ku indung bari dihariringan kulagu kidung. Pikirna nyoreang lampah katukang, mapay-mapay mangsa kabungah jeung gumbira sakulawarga. Kuniang cengkat...terus mukakeun lomari pakean, diteuteup hiji-hiji. Ret kana baju warna kayas, seredet hatena nyeblak geuning baju-baju jaman manehna keur budak aya keneh disimpen, hadiah naek kelas harita teh, sarua di pamgmeulikeun baju warna kayas samodel deuih rupana oge, gap di cabak...gepluk aya anu rag rag tina jeroeun baju, ku Ratih di ilikan geuning jepit buuk, saulas imut ngagelenyu dina biwirna, teu ka ampeuh ku rasa kasono, rus ras ka indung jeung ka bapa, cimata Ratih ngeclak mapay pipina aya gerentes anu kaluar tina hate teu ka tahan”Ambu....apa...hampura abdi...Ratih....”can anggeus gerentesna, “GEBLUG..!” panto kamar ngadadak nutup, Ratih ngagebeg sataker kebek, gura giru muka panto. Tapi pageuh...anak konci teu bisa di buka keun..macet. Lampu dijero kamar ngadadak hurung sorangan...reup bray jiga anu dek pegat..reket..reket..panto lomari rereketan...teu antaparah kerewek gagang panto lomari dicekelan pageuh..na atuh ari jelegedeg eces bengras katingali dina kalangkang kaca lomari aya awewe...ngajanteng satukangeun manehna..buukna kusut ririaban, beungeutna rangsak pinuh kubared jeung tatu anu jarero..getihna ngucur...nyarakclakan. “aaawwww...” Ratih ngoceak bari habek-habek eta kaca lomari dihanca ku peureupna, bari terus noroweco”Kaditu...Ratih...kadituuu...tong ngudag-ngudag wae...ampun...hampura...ampun...”. Ratih terus jejeritan bari noroweco nyebut – nyebut ngarana sorangan. Ridwan anu titadi geus ngabandungan satukangeun panto,ngaras heran,naha bet nyebut-nyebut ngarana sorangan, kulutrak bray...panto disurungkeun ku Ridwan, kasampak Ratih keur ceurik nginghak...bari nyarekan kana kaca..leungeuna baloboran ku getih balas neunggeulan kaca lomari. Ret ka Ridwan ngesod tina diukna rada mundur. Roman beungeutna bangun anu reuwas jeung sieun manehna meped kana sisi tembok kamar. Ridwan cingogo ngadeukeutan pamajikan nana”Neng naha bet nyarios sabulang bentor..nyeuseulan nyalira...aya naon deui ?”. Gerewek Ratih ngagabrug salakina, ti pepereket, “Kang hapunten abdi...abdi tos teu kiat diudag-udag ku Ratih...Ratih cigana hoyong males kanyeri ka abdi...”. Bari nyegruk aluk-alukan dina dada salakina. Atuh puguh  Ridwan beuki bingung, naha ari ieu saha anu dihareupeun manehna ? apanan  Ratih pamajikan nana, antukna Ridwan ngaleupaskeun tangkeupan pamajikan nana, disurungkeun lalaunan, terus diteuteup anteb ti mimiti beungeut nepi ka suku. Weleh teu ka harti...puguh memang Ratih ieu pamajikan nana. Bari nyusutan cimata ratih sisimekeun teu reureuh “apal kang...? apal teu...saha ieu anu sabenerna ? saha....?” teu gugur teu angin Ratih nyentak bari ngageubig geubig  awak salakina. “Kuring lain Ratih...tapi Mira...!!, bongan na akang baheula ngan mikacinta jeung mika deudeuh ngan ka Ratih...kuring teu bisa narima..!!!. Lenyap hate Ridwan ngalenyap lir ibarat ngadenge guludug tengah poe, bet asa di bentar gelap ! “jadi salila ieu..Ratih kamana ?..saha anu maot katabrak kareta api ?”. Ridwan malik nanya ka pamajikan nana, “Anu maot Ratih...lain katabrak...tapi ngahaja kukuring ditabrakkeun kana kareta, kuring teu kuat kudu nandangan timburu saban waktu...kuring hayang mibanda anjeun Ridwan...euweuh deui carana salain kudu nyingkirkeun Ratih tina kahirupan,...rumasa kuring poekeun....” Segruk deui ceurik ngabangingik... Nyel Ridwan ambek...getihna asa naek kana embun embunan..kerewek malik newak taktak pamajikan nana, “Jadi salila ieu anjeun nipu ka kuring...Naha Mira...nahaaaa...? naon salah kuring jeung Ratih ka anjeun..naon !!!??”. Ridwan sesentak jiga anu hayang neureuy ka jalma anu salila ieu jadi pamajikan nana. “Anjeun anu bodo katotoloyoh Ridwan...lamun bae harita anjeun datang ngalongok sawaktu Ratih dikuburkeun, anjeun moal katipu...moal..! tapi anjeun harita euweuh keur sakola di Ostrali..malahan anjeun angger sok nga smsan ka Ratih...padahal anu bogana geus taya dikieuna..” Pamajikan nana nongtrowelang malik nyarekan bari ngajentrekeun kajadian anu sabenerna. Ridwan ngaleketey ngadenge pangakuan tipamajikan nana anu sa estuna geuningan MIRA lain RATIH lanceukna, lain kembar tapi estu siga kembar...susah ngabedakeunna. Ridwan cengkat tina cingogona bari ngadelek ka Mira”teu sangka geuningan anjeun siga iblis...ngabelaan rasa cinta nepi ka luas nelasan lanceuk sorangan..dasar iblis !!!” leos Ridwan ngaleos ninggalkeun Mira anu masih sisimekeun, can oge ninggalkeun lawang kamar”JEBROD..!!! PRACCCKKKKSSS...!!!” aya barang anu ngabeletuk ninggag kana sirahna, leng katurelengan...titingalian runyay..terus poek.
Duka sabaraha lila manehna kapiuhan. Barang sadar awakna geus aya dina korsi goyang, kadua leungeun jeung sukuna titalian pageuh, awakna dibeungkeut kana korsi, malahan biwir manehna diwewelan baju kaos ditalikeun kasatukangeun sirahna. Ridwan culang cileung...rohangan ukur di caangan ku lampu lima watt...ukur buruan anu ngagebray katingali tina sela sela panto anu nutup rapet. Pohara Ridwan ngarasa reuwasna, tetela Mira geus ka asupan iblis,manehna geus ngarencanakeun rek ngarogahala. Saeusi imah asa geus ka ambeu bau minyak tanah jeung bengsin...Ridwan satekah polah muter otak kumaha carana supaya bisa leupas, leungeun jeung sukuna terus di gerak gerak, papalar sugan wae talina bisa ngalogoran jeung leupas, kulit lecet teu dirasa, malahan geus rembes garetihan, gubrag korsina nga gubrag...ret juru mata Ridwan ningali sasemplek kaca anu peupeus, perecis gigireun dampal leungeuna, teu miceun kasempetan..sesemplekan kaca peupeus di kait ku kadua leungeunna terus digesrek...kadenge sora lengkah ngadeukeutan...singhoreng Mira geus ngajanteng hareupeun nana,lengeun kencana ngeukeuweuk peso dapur anu gugurilpan, leungeun katuhuna mamawa lilin anu meunang ngahurungkeun, beungeutna beu eus kucimata..tapi matanma liar...neuteup seukeut ka Ridwan. Dek manehna deku hareupeun beungeut Ridwan, sorana peura campur jeung sisimekeun,pokna “Teu rido....dunya aherat lamun anjeun kudu dipimilik kunu sejen, Ratih geus beunang disingkirkeun...tapi kiwari datang hayang males pati...usaha kuring geus katohyan..ieu..meureun sesa tilu taun katukang...kudu dianggeuskeun ayeuna..urang kudu paeh babarengan...!!”. Kolebat...leungeun kenca Mira ngulangkeun peso...jelas anu ditujuna beuheung Ridwan...sataker kebek Ridwan ojah ngabantingkeun awakna...korsi anu ngahiji jeung awakna ngilu kabantingkeun “HABEK..!” keuna pisan kana hulu angen Mira...gubrag Mira ngajengkang...teu beunang di ingkahan takdir ti gusti yang widi lilin anu di cekel kumira ngalayang...gepluk kana karpet anu meunang manjuran ku minyak tanah jeung bengsin...jegur..seuneu ngagugudag...Ridwan hasil ngaleupaskeun leungeuna tina tali anu nalikung, gura giru manehna ngalaanan tali anu meungkeut awakna...leupas...tinggal dina suku can kabuka bari ngajauhan  seuneu anu beuki ngentab Ridwan ngagesor kasisi niat ngalaan tali dina suku, kuniang Mira cengkat tina labuhna teu antaparah gabrug ngarontok Ridwan bari nojoskeun peso, Ridwan teu bisa laluasa ngahindar puguh sukuna masih keneh ka beungkeut. Antukna papuket duanana, jogol adu tanaga...Mira bener bener ka surupan setan tanagana bedas, giclek...! gabressss...! peso anu di cekelku Mira nanceb pisan di tak tak Ridwan “aaaaaaaaawwwwwww...” Ridwan ngoceak nahan kanyeri. Teu beakeun akal tuurna di tilepkeun dipake nahan awak Mira anu nindihan nana...kerewek leungeun Mira beunang di cekel terus diparilitkeun..Mira ngoceak bari ngagurinjal..teu miceun kasempetan awak Mira dijejek kudua sukuna anu masih keneh ka beungkeut. Koleang...gubrag!!  awak mira ngalayang ninggang meja anu geus mimiti hurung kuseuneu. Sakuat tanaga Ridwan ngangsrod kaluar ti imah anu geus pinuh ku seuneu diditu didieu, gubrag awakna ragrag ka buruan. Diluar Tatangga geus rajeg, tihot hat malanjuran seuneu..malahan aya anu nuaran tangkal cau di alung-alungkeun kana seuneu. Ridwan pada muru ku tatanggana, digalusur kanu lega...ti jero imah kadenge anu seuseurian...gajleng..!!! gedebut !!!! awakna geus teu puguh rupa puguh kaduruk..Mira...noroweco...sagala do omongkeun...sakapeung ceurik ngabangingik ciga anu kaduhung.
Sakapeung hahaok nyarekan duka kasaha...


PANUTUP
Sanggeus sagalana beres, Ridwan mulang ka kota di alanteurkeun ku tatangga. Mira dibarawa karumah sakit jiwa, pikeun narima balitungan tina sesa pamolahna tilu taun katukang....CAG.