Translate

Selasa, 06 Agustus 2013

BATI ASRUK-ASRUKAN

Kabiasaan sok poho kana nanaon lamun geus ulin ngasruk,duka teuing lamping belah mana ieu, loba tangkal konyal ayang- ayangan, pikaresepeun puguh loba anu geus arasak, di kotamah apanan kudu meuli, asa ku jigrah kawas monyet manggih buah. Ret kana arloji, euleuh geuning kajongjonan ngapruk, geus tabuh opat sore. Hawa karasa tiris pisan, pepedut geus ngarebul. Gura giru kuring balik sieun kapoekan di jalan, puguh can apal deuih ieu belah mana-mana na. Bari kukulutus kuring nurugtug mudun nuturkeun jalan satapak. Rangsel jeung saku merekis pinuh ku buah konyal. Tonggeret pating kocecet mapantes poe kasorenakeun. Cahaya mega geus nambaga tanda sang surya ngampih ditungtung langit.Palebah pengkolan kabelah katuhu, kadenge sora jalma rame, dasar elodan teu nga engkekeun deui kuri tuturubun nyampeurkeun sumberna sora. Euleuh enya wae loba tentara keur marasang tenda. Reg kuring ngarandeg, teu wani deukeut teuing bisi pajarkeun ngaganggu. Salah saurang anu pangawakan nana jangkung gede ngareret ka palebah kuring, leungeunna di gupaykeun kakuring bari seuri nyerengeh. Kuring ngangguk isyarat hormat kamanehna,eta tentara terus nyampeurkeun ka kuring.Pokna”Tos timana bageur ? wayah kieu kukurubutan keneh ?, yap kadieu istirahat heula angguran, cape meureun ?”. Kuring olohok asa teu percaya naha aya tentara meni ku bageur jeung someah,bari rada asa-asa antukna kuring nuturkeun, ngilu ngariung jeung anggota tentara anu sejena. Teu wani loba tatanya sieun salah, ngan unggak unggeuk we saban aya anu nanya jeung anu ngajak sasalaman. Saurang deui nyampeurkeun ka kuring. Gek diuk gigireun,”seungit geuning...”eta tentara ngomong ka kuring, bari rada era kuring asa disindiran puguh geus kukurubutan, pantes dek bau kesang oge”punten pa rumaos teu acan mandi” tembal kuring. Eta tentara ngaleret neuteup anteb ka kuring, matana seukeut wibawaan, asa serab jeung era kuring diteuteup ciga kitu,belengeh biwirna imut,terus nepak tak tak kuring.Teu ngomong deui, terus ngojengkang kajero tenda, teu lila kaluar deui, mamawa kempis, song di asongkeun ”haus ? sok leu’eut !” pokna. Kuring peresis ciga budak leutik anu keur di asuh bapana, nurut jeung ngarasa betah, asa reug-reug ngariung jeung maranehna. Teu karasa ampir magrib, kuring pamit ka bapa-bapa tentara niat dek balik.Tapi di caram ku salerea, teu hade mulang kapeutingnakeun, bisi aya nanaon di jalan cenah. Bener oge asup akal,apanan lain dilembur.Kira-kira jam tujuh peuting, kabehan dikumpulkeun ku Komandan, ka asup kuring pipilueun ngilu baris di buruan tenda anu di caangan ku obor. Beres babagi tugas jaga pasukan di bubarkeun deui, terus dalalahar ngariung. Nikmat pisan kadaharan nana, komo palebah ngadahar dengdeng meni ku nikmat kacida. Rengse dahar anu ka bagian tugas jaga ngajararanteng di tempatna masing – masing, aya sababaraha urang anu miang ninggalkeun pasukan cenahmah aya tugas kudu nguriling, ke oge ka subuhnakeun balik deui.Peuting beuki nyerelek kana simpe,kuring gegelehean ,Komandan nyampeurkeun”tunduh mah sarekeun we kasep, teu kudu keu’eung apanan loba nu jaga,ngan lamun hayang ka cai memeh beunta tepak heula ka kenca jeung kakatuhu, ameh aya anu maturan ka cai”. Sanggeus papadon, Komandan kaluar deui, bari teu poho nyimutan awak kuring. Tunduh teu katahan, merelek heuay, maklum cape geus leuleumpangan sapopoe, naek turun gunung. Reup kuring tibra. Biasana jalma keur sare,sakapeung ka ganggu ku hayang kacai, komo di tempat tirismah. Kuring poho kana papadon Komandan,kuniang kuring cengkat bari nguliat, teu tahan hayang ngompol,gigisik rada lulungu kuring rarat reret kakenca jeung kakatuhu...”Gebeg...!lenyap..!!!...teu bisa ngomong saucap oge, jajauheun kana ngoceak, reuwas...kacida, awak ngageter leuleus...geuningan kenca katuhueun kuring aya dua maung ngadakom, badag pisan, eces boreleng. Teu sanggup nuluykeun titingalian kuring peureum ti pepereket bari ngagoler deui.Pikir kuring “Kop teuing ari beuki mah kadinyah dahar, meureun geus nasib kudu di hakan maung.Naha kamarana atuh tentara anu tadi, ongkohan dek mangjagakeun tapi geuning bet areuweuh, meni hayang kapiuhan tapi teu bisa. Kadenge sora”gepluk...gepluk..gepluk..!!!” ciga sora buntut anu dikeplukeun kana taneuh, ragamang...karasa aya anu nyampa kana tak tak, kesang tiis mimiti masehan awak, tetela ieumah leungeun manusa nyekelan tak tak ngahudangkeun kuring, bray kuring beunta...Komandang geuning, gabrug kuring ngagabrug ka manehna, bari hareusheus ngaharewos”ta..tadi...aya....” can tamat kuring ngomong Komandan ngahuit lalaunan”sssstttt...teu kudu gareuwah bageur...!” karasa leungeuna bangun anu deudeuh ngusapan sirah kuring. Panon beurat deui kutunduh...les kuring tibra teu inget di bumi alam. Lamat- lamat kadenge sora manuk recet, kuring lilir tina sare, beu geus beurang geuningan...panon poe geus ngempray nyaangan marcapada,ret kana arloji jam tujuh isuk-isuk, kuring nguliat ngabatek awak asa ku genah”geduk..!” leungeun ngageduk, ret ka kenca jeung kakatuhu, ih naha bet dijero saung...Jut kuring turun tina palupuh saung, “ah naha...ceuk hate...” hawu hurung aya teko ditaheurkeun,pancuran ngurucak sorana hareupeun saung...”tos gugah cep ?!” Hiji kolot tengah tuwuh geus nangtung neuteup kakuring bari imut ngagelenyu. Sok sanajan masih bingung,kuring males imut bari unggeuk.”Bilih bade beberesih mangga di pancuran, raos geura seger” pok eta kolot ka kuring. Teu loba mikir deui kuring terus mandi ngoyok bari nyokcrok sirah dina pancuran, pikiran masih kaditu kadieu, ras kana kajadian kamari sore nepi ka ieu isuk...eh asa ku araraheng teuing. Beres mandi kuring ngawangkonng dina saung jeung sibapa,nginum kopi panas sabari ngudud bako,”Cep mulih timana ku ludeungan kulem di saung ?”. Si bapa muka obrolan, bari seuri koneng nguring ngajawab,”wangsul asruk-asrukan pa, puguh gaduh karesepna ulin kanu bala”.Si bapa terus tetelepek,”padahal mah kantun kalebak sakedik dugi kalembur cep, ieumah bet ku luas mondok di saung,bapa oge urang dieu, upami teu aya baturmah teu ludeng teuing”. Obrolan terus kaditu kadieu,ngaler ngidul bari kapaksa kuring ngawadul, moal hade pangalaman kamari jeung tadi peuting di dongengkeun, hoyoh di anggap jalma teu eling. Bray beurang kuring mulang bari nyimpang heula ka si bapa anu ngeukeuhan hayang di anjangan. Cag.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar