Kacaturkeun di Karajaan Galuh.
Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah.
Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi
Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.
Barang nepi kana waktuna, Déwi
Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang
Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku
Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing,
nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu
saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus
dipalidkeun ka walungan Citanduy.
Mireungeuh kaayaan kitu, Sang
Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan
Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun
anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér , tapi henteu dipaéhan. Ku
Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.
Ari kandaga anu dipalidkeun téa,
nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki
jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga
téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur
kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur
Geger Sunten, sarta diaku anak.
Kocapkeun budak téh geus gedé.
Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki
Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang
ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo
monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna
wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna
dingaranan Ciung Wabara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.
Ayeuna Ciung Wanara geus jadi
pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku
Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu
alus tur pikalucueun.
Dina hiji poé, Ciung Wanara
amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh.
Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih
Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua
patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh
diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék
ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung
Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu
hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna
nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara
sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.
Gapruk baé atuh hayam téh
diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung
Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui.
Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara.
Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka
paéhna.
Luyu jeung jangjina Ciung Wanara
dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku
Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun
ka Hariang Banga.
Ku Kabinékasan Ki Léngsér, Ciung
Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.
Lila-lila réka perdaya Déwi
Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh
ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.
Hariang Banga kacida ambekna basa
nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu
éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung
Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan
Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari
wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.
Tina Pangajran Sastra Sunda,
karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar