Translate

Selasa, 06 Agustus 2013

SESA TILU TAUN KATUKANG

Panon poe kakarak meletek, ibun pating gurilap dina pucuk dangdaunan lir siki mutiara anu ngagararantung, angin leler ngahiliwir di pirig ku haleuangna sora pacikrak pipireun imah. Puguh matak betah tumaninah. Komo deui jang panganten anyar saperti Ridwan jeung Ratih , anu keur meujeuhna sono bogoh. Dunya asa milik duaan, jauh tina kasedih jeung kamelang, nu aya ngan maduna cinta anu peu’eut kabina-bina. Ratih kakarak beres naheur cai jeung masak,nyadiakeun salaki anu dipikacinta. Duaan anteng ditengah imah bari silih oconan, silih ciwit silih toel teu aya bosena. Kadenge sora Ratih anu nyeukeukeuk manja bari terus ngagabrug ka salalakina bari nagkeup ti pepereket.
Teu karasa waktu nyerelek, geus tili taun kaliwat rumahtangga Ridwan jeung Ratih, tapi can keneh boga budak, geus sagala cara dicobaan. Timimiti Paramedis nepi ka Tabib tapi weleh cang ngabuah keun hasil. Sakapeung Ratih sok ngalamun asa ku tugenah rumah tangga geus tilu taun tapi can ngabogaan keneh momongan, asa teu sampurna jadi awewe. Sore anu haleumheum,balik ngantor Ratih ngadon ngalamun dina kaca jandela nyawang jauh nalingakeun rempegna imah tur gedong-gedong sigrong anu mimiti minuhan tempat. Teu ciga lima taun katukang mangsa manehna lelengohan, asa ku ublag ablag lembur teh,tapi kiwari...beu...beuki heurin usik. Guriwel aya sapasang leungeun meulit kana cangkengna, gebeg..! Ratih ngarenjag, asa digareuwahkeun tina panglamunan.”Nya...ngalamun deui...? kadenge sora Ridwan ngharewos kana ceulina lalunan, bari nyangheuykeun gadona dina taktak Ratih. Anu dirangkul malik bari ngadilak bungah. “Aaahhh...akangmah sok ngareureuwas...suganteh ririwa teu pupuguh nangkeup !”. Ratih meulitkeun leungeunna kana punduk salakina.”Neng...upami aya keneh Mira, meureun moal tiiseun teuingnya...bakal aya anu maturan ngobrol ka urang duaan, jigana upami Mira masih keneh jumeneng meureun tos gaduh budak boa miheulaan urang..”. Ridwan humandeuar bari tetep ngakeup pamajikan nana.”REKEEEEEEE.....T ..T ..T ..T ..T ..T ..T ..T....BLUGH..!!!”panto belah tukang anu nuju ka taman ngajablog  teu pupuguh ditiup angin, sorana tarik pisan nepi ka kaca jandela karasa ngageter. Gebeg...Ridwan jeung Ratih ngararenjag, duanana silih pelong...angin ngahiuk kajero imah.”..MEOOONGGGG...GUPRAK...PRANGXZZ...”. Si Logay teu pupuguh ngajleng tina korsi sofa bari sagala di tubruk, nepikeun kendi hias anu aya dina luhureun gupet peupeus lalagragan, eta ucing terus nyempod ka juru bari nyentangkeun awak jeung buntutna bangun aya anu dipikasieun. Ridwan ngahuleng sakeudeung, “aya angin timananya...naha si Logay bet lumpat ?” teuing nanya kasaha da puguh bari culang cileung, “Neng....” Ridwan malik deui ka Ratih, anu di pelong langsung ngagabrug ti pepereket, dampal leungeunna karasa baseuh kesangan,”ssssssstttttt....kunaon Neng ? teu aya nanaon..bieumah ukur angin”. Ridwan negerkeun hate pamajikan nana. Anu di ajak nyarita kadon nyusupkeun beungeut kana dada salakina. Nafasna kadenge renghap ranjug kawas anu geus lumpat. “Kang....nengggg...mah tadi asa ningg...ngali...anu ngolebat kalebet bumi..”. Ratih ngaharewos sabari nahan ambekan nana,”aaahhh...maenya wayah kieu..aya ririwa..neng..!?. ridwan ngupahan pamajikan nana. Ratih di tungtun ku salakina di bawa asup ka rohangan dapur,” urang masak emih meningan oge nuju usum tiris kieumah raos gera”. Ridwan mapalerkeun hate pamajikan nana. Anu sabenernamah manehna sorangan oge, reuwas jeung bingung, asa maruringkak bulu punduk jeung asa ngambeu seuseungitan anu teu wajar saliwat, basa panto ngajablog jeung si Logay luncat tina korsi. Asa aya rasa anu beda henteu saperti biasana. Padahal geus dua taun leuwih nyicingan imah duaan jeung pamajikan nana, kakarak harita ngalaman aya kajadian ciga kitu. Pon kitu deui Ratih, manehna leuwih kaget, reuwas jeung sieun, lantaran sakolebat manehna asa ningali jirim awewe anu asup ka imah, malahan eces katingali ku juru mata dina kaca jandela ngalangkang satukangeun manehna...Ratih apal kana rigigna eta awewe...
Wanci geus kapeuting nakeun, tapi Ratih can keneh bisa sare, gedebrag gedebrug guling gasahan, nyangigir salah, nangkarak salah, sumawona nangkuban asa eungap teu bisa ngarenghap. Hawa karasana hareudang bayeungyang, ret kagigireun salakina geus ngagoplek tibra, diteuteup anteb bari di usapan pipina. Ratih cengkat bari memener buuk, terus ngolesed tina tempat sare maksud dek turun ngahirupkeun kipas angin anu ngagantung gede dina lalangit kamar, jut manehna turun ngarumbaykeun suku diuk sakeudeung dina sisi tempat sare,”KEREWEK...!” Karasa aya anu ngajewang pigeulang sukuna tina kolongeun ranjang, koceak Ratih ngajerit...”aaaaawwwww...!!!”  Dikejetkeun sukuna mari gajleng balik deui ka tempat sare, Ridawan jongjon ngagebra teu ieuh ka gareuwahkeun,”WUSSSSSHHHHHH”kipas angin teu pupuguh hirup sorangan muter tarik pisan, puguh we Ratih beuki reuwas kesang ngoprot sa awak-awak ngagarajag jiga anu di banjur, bari jeung sieun juru matana ngareret kana kipas angin anu muterna mimiti ngalaunan deui”...aaaaaaaaaawwwwwwwww....kanggggg....!!!!”, Ratih ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat bari ngarontok salakina anu jongjon ngageubra, curukna ngacir nununjuk ka palebah kipas angin. Aya awewe ngagantung dina kipas angin, sirahna ngalehek kana taktak, letahna ngelel...panonna molotot nahan kanyeri.  Ridwan ngorejat culang cileung bari lulungu.”Aya naon neng...hey...aya naon...?” Ridwan rungah ringeuh  bingung ningali polah Ratih anu nyusupkeun beungeut kamanehna bari keukeuh nunjuk kipas angin. Ridawan ngareret kana kipas angin....ewueh anu aneh, kipas masih dina tempatna ngagantung  pageuh teu rengrot. Lalaunan ridwan nyengkatkeun Ratih anu masih ngadegdeg awakna, pok nyarita”Neng  teu aya nanaon, istigfar anggur oge...tong sieun pan aya akang...” . Ridwan ngelingan pamakjikan nana.Ridwan ngolesed tina tempat sare maksud dek nyolot cai nginum jang Ratih, supaya bisa tenang. Ratih ngilu turun nyekel pageuh kana leungeun salakina,antukna dua nana kaluar ti kamar nuju rohangan tengah, gek duanana diuk dina sofa, sanggeus mere nginun Ratih, Ridwan ngahirupkeun TV malah ka ayaan ulah simpe teuing, ret kana jam dinding nunjukeun tabug satengah dua isuk, lalajoeun euweuh nu bener malahan lolobana stasion TV geus areureun puguh geus liwat titengah peuting. Sabenerna Ridwan hayangnanya ka pamajikan nana, naha sabenerna aya naon tapi ningali galagat Ratih anu masih keneh pias jeung teu daek ngomong, Ridwan teu jadi tumanya. Ridwan ukur bisa nyangkeh pamajikan nana bari teu eureun diusapan sirahna. Sirah Ratih ngulisik malik neuteup salakina, cimatana reumbay...segruk Ratih ceurik ngaguk-guk dina sangkehan salakina. Pikiran nana kumalayang inget kana kajadian tadi, sidik pisan awewe anu ngagantung dina kipas angin. Ratih apal kana beungeutna malahan leuwih ti apal. Manehna inget mangsa-mangsa anu kaliwat, babarengan suka seuri, lamin sedih sedih duaan lamun senang, senang oge duaan, malah tara ieuh papisah lain indit ku auya ka pentingan masing = masing anu teu bisa dilakukaeun ku duaan. Estu ceuk pari basa Sundamah ibarat gula jeung amisna hamo bisa dipisah keun. Ratih beuki tarik ceurikna terus nyegruk nepi ka isuk, cape balas ceurik, tungtuna sare ngagebra duna sangkehan salakina. Kitu deui Ridwan terus tibra bari nyarande dina sofa, bari ngakeup pamajikan nana. Bray...panon poe meletek, duanana nguniang tina sare. Ridwan gura giru lumpat kacai puguh waktu geus meped ka jam tujuh isuk-isuk, waktuna di gawe. Sumawona Ratih bari sirah masih karasa balideg oge manehna geuwat ngaleos kadapur maksudna dek nyadiakeun sarapan jang salakina. “Tet Tott...Tet tott..assalamu’alaikum”. Kadenge bel imah aya anu mencet. Bari rada hoream Ratih ngoloyong deui ka hareup, kulutrak muka konci, pucunghul sirah saurang awewe umur 40 taunan bari seuri “ wilujeng enjing neng Ratih...”pok na, “wilujeng enjing bi...sok kalebet, naha bibi meni siang kadieuna ? biasana tabuh genep tos kadieu, janten we abdi kasiangan..?”. Ratih mentog ka bi Warsih, inyana anu sok babantu di imah Ridwan jeung Ratih, purah nyeuseuh jeung masak, pembantu cenah ngarana ceuk jaman kiwarimah. Ngan bae teu mondaok didinya, bi Warsih gawena ukur nepi ka jam opat sore. “Saleresnamah Neng bibi tos dua kali uihan kadieu, tabuh genep bibi sapertos biasa tos ngebel panto, namung teu aya anu ngawaler, janten bibi wangsul deui, da pangemut teh bilih ngaganggu kanu kacapean panginten, apanan tadi wengi teh malem jumaah”. Ttembal bi Warsih bari nyerengeh. Gebeg Ratih ngangebeg, enya wae, tadi peuting teh malem jumaah, pantes atuh aya jurig nyilieuri setan mindah rupa ngadon ngadatangan manehna. Birigidig Ratih ngabirigid bari ngusaf beubgeut, “ku naong neng ?” bi Warsih heraneun ningali pamolah Ratih. “Ah..henteu bi, sok mangga kalebet weh”.
Duanana ngabaliur ninggalkeun imah, nuju kantor sewang-sewangan. Ridwan nganteurkeun heula Ratih saperti biasana, kakarak manehna nuluykeun nuju kantorna sorangan. Bi Warsih gura giru beberes saperti biasana, teu kungsi dua jam imah geus beresih jeung rapih. Sakabeh gordeng di singray-singray keun supaya cahaya ponon poe bisa nembus bebas ka jero imah, komo imah Ridwan jeung Ratih mah beungeutna nyinghareup ka wetan.”enggg....ngeong...ngeong...”kadenge sora si Lugay ngaherengan di luhur, tara biasana eta ucing hehereng ciga kitu, bi Warsih getap nyampeurkeun kaluhur, pikirna lapar meureun si Lugay, “lugay....lu....lu...lugay...” bi Warsih nyalukan ucing bari mamawa mangkok eusi parab, terus naekan tangga ka loteng ,  nepi ka rohangan loteng nyampak si Lugay keur ngaherengan kaca lomari hias, anu pinuh ku boneka, koleksi Ratih jaman keur rumaja jeung koleksi boneka Mira anu jadi adina. “Dasar ucing...boneka diherengan...disangka beurit kitu ?”.Bi Warsih kutuk geneng bari nyampeurkeun si Lugay, “ elu..ieuh daripada ngaherengan boneka meningan dahar tah !..” sokmangkok parab di asongkeun ka si Lugay”Weonggggg...!!!!” si Lugay teu pupuguh ngarontok kaca terus nguliwed katukangeun bi Warsih, puguh we bi Warsih ngarenjag reuwas”ih kunaon ari maneh ?” bi Warsih bangun anu kesel ka si Lugay. Leos bi Warsih balik deui ka rohangan handap, teu mirosea pamolah si Lugay anu terus rorontok kana kaca sakapeung kana korsi terus nyakaran karpet bari teu reureuh uang eong. “TRANGSS....!” kadenge aya sora anu lagrag, kolotarak.....bangun anu ngagulutuk, ret bi Warsih katukangeun nana katingali tatakan stainles ngagilinding terus miheulaan manehna turun tangga. Bi Warsih olohok,” naha tatakan timana ? bet aya di luhur ? urut cep Ridwan meureun... dasar ucing bangor..”. Bi Warsih terus tuurubun nuturkeun tatakan anu ngagilinding ku jauh terus maju nepi ka panto kamar ridwan jeung Ratih, kerewek di jewang ku bi Warsih nepikeun nubruk panto, bray ! panto kasurungkeun muka, gebeg bi Warsih ngagebeg ningali saurang awewe keur ngajepat disimbut dina kasur, bi Warsih ngagerentes”Apanan neng Ratih tadi geus indit jeung salakina, naha saha ari ieu ? balik deui kitu neng Ratih teh ?” lalaunan bi Warsih ngeteyep nyampeurkeun anu sare”Neng...neng...kunaon mulih deui ? eneng teu raraos ?” tanya bi Warsih kanu ngajepat dina kasur, anu ditanya malah nonggongan lain ngajawab. Bi Warsih ngawanikeun maneh noel anu ngaringkuk nonggongan, barang anu ngaringkuk malik, “aaaaaaaaawwwwwwwww....!!!”. Bi Warsih ngoceak bari malik lumpat, panto kamar di bantingkeun sataker kebek, naha eta saha...naha bet rata beungeutna...euweuh panonan...euweuh irungan...euweuh biwiran...barared jeung getih hungkul. Bi Warsih terus mangpret kaluar imah. Tiiiiitttttt....kadenge kelakson mobil tiluareun pager imah. Reg Warsih eureun tina lumpatna. Singhoreng Ridwan jeung Ratih baralik deui, padahal kakarak jam sapuluh isuk-isuk. Bari jeung reuwas keneh bi Warsih muka panto pager. Sanepina diburuan Ridwan jeung Ratih gura giru turun nyampeurkeun bi Warsih anu renghap ranjug. “Kunaon bi ?...aya naon ?...” dua nana hari weusweus nanya bi Warsih. Anu di tanya ukur narik nafas panjang, gek diuk dina sisi teras bangun anu lungse. Ratih nyampeurkeun, gek diuk gigireun bi Warsih,”Bi...cing nyarios ka abdi, aya naon”, Bi Warsih ngareret kanu nanya, manehna maksakeun nyerengeh”henteu neng eta si Lugay...diparaban ku bibi tapi kadon ngarontok jiga anu dek ngegel.” Bi Warsih kapaksa ngabohongan ka dunungan nana, maksudna mah bisi dunungan nana jadi sarieuneun lamun di dongengkeun naon anu geus katingali ku manehna. Ratih ngerutkeun tarang...manehna surti aya anu dirahasiakeun ku bi Warsih ka manehna, tapi Ratih teu hayang loba omong, pok na, “ah...suganteh kunaon ari bibi...” sabari cengkat terus nyampeurkeun salakina. Tiluan nana sareuri koneng...
Wanci geus kapeuting nakeun, tapi Ratih can keneh bisa sare, gedebrag gedebrug guling gasahan, nyangigir salah, nangkarak salah, sumawona nangkuban asa eungap teu bisa ngarenghap. Hawa karasana hareudang bayeungyang, ret kagigireun salakina geus ngagoplek tibra, diteuteup anteb bari di usapan pipina. Ratih cengkat bari memener buuk, terus ngolesed tina tempat sare maksud dek turun ngahirupkeun kipas angin anu ngagantung gede dina lalangit kamar, jut manehna turun ngarumbaykeun suku diuk sakeudeung dina sisi tempat sare,”KEREWEK...!” Karasa aya anu ngajewang pigeulang sukuna tina kolongeun ranjang, koceak Ratih ngajerit...”aaaaawwwww...!!!”  Dikejetkeun sukuna mari gajleng balik deui ka tempat sare, Ridawan jongjon ngagebra teu ieuh ka gareuwahkeun,”WUSSSSSHHHHHH”kipas angin teu pupuguh hirup sorangan muter tarik pisan, puguh we Ratih beuki reuwas kesang ngoprot sa awak-awak ngagarajag jiga anu di banjur, bari jeung sieun juru matana ngareret kana kipas angin anu muterna mimiti ngalaunan deui”...aaaaaaaaaawwwwwwwww....kanggggg....!!!!”, Ratih ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat bari ngarontok salakina anu jongjon ngageubra, curukna ngacir nununjuk ka palebah kipas angin. Aya awewe ngagantung dina kipas angin, sirahna ngalehek kana taktak, letahna ngelel...panonna molotot nahan kanyeri.  Ridwan ngorejat culang cileung bari lulungu.”Aya naon neng...hey...aya naon...?” Ridwan rungah ringeuh  bingung ningali polah Ratih anu nyusupkeun beungeut kamanehna bari keukeuh nunjuk kipas angin. Ridawan ngareret kana kipas angin....ewueh anu aneh, kipas masih dina tempatna ngagantung  pageuh teu rengrot. Lalaunan ridwan nyengkatkeun Ratih anu masih ngadegdeg awakna, pok nyarita”Neng  teu aya nanaon, istigfar anggur oge...tong sieun pan aya akang...” . Ridwan ngelingan pamakjikan nana.Ridwan ngolesed tina tempat sare maksud dek nyolot cai nginum jang Ratih, supaya bisa tenang. Ratih ngilu turun nyekel pageuh kana leungeun salakina,antukna dua nana kaluar ti kamar nuju rohangan tengah, gek duanana diuk dina sofa, sanggeus mere nginun Ratih, Ridwan ngahirupkeun TV malah ka ayaan ulah simpe teuing, ret kana jam dinding nunjukeun tabuh satengah dua isuk, lalajoeun euweuh nu bener malahan lolobana stasion TV geus areureun puguh geus liwat titengah peuting. Sabenerna Ridwan hayangnanya ka pamajikan nana, naha sabenerna aya naon tapi ningali galagat Ratih anu masih keneh pias jeung teu daek ngomong, Ridwan teu jadi tumanya. Ridwan ukur bisa nyangkeh pamajikan nana bari teu eureun diusapan sirahna. Sirah Ratih ngulisik malik neuteup salakina, cimatana reumbay...segruk Ratih ceurik ngaguk-guk dina sangkehan salakina. Pikiran nana kumalayang inget kana kajadian tadi, sidik pisan awewe anu ngagantung dina kipas angin. Ratih apal kana beungeutna malahan leuwih ti apal. Manehna inget mangsa-mangsa anu kaliwat, babarengan suka seuri, lamun sedih,  sedih duaan lamun senang, senang oge duaan, malah tara ieuh papisah,  salain indit ku aya ka pentingan masing - masing anu teu bisa dilakukaeun ku duaan. Estu ceuk pari basa Sundamah ibarat gula jeung amisna hamo bisa dipisah keun. Ratih beuki tarik ceurikna terus nyegruk nepi ka isuk, cape balas ceurik, tungtuna sare ngagebra dina sangkehan salakina. Kitu deui Ridwan terus tibra bari nyarande dina sofa, ngakeup pamajikan nana. Bray...panon poe meletek, duanana nguniang tina sare. Ridwan gura giru lumpat kacai puguh waktu geus meped ka jam tujuh isuk-isuk, waktuna di gawe. Sumawona Ratih bari sirah masih karasa balideg oge manehna geuwat ngaleos kadapur maksudna dek nyadiakeun sarapan jang salakina. “Tet Tott...Tet tott..assalamu’alaikum”. Kadenge bel imah aya anu mencet. Bari rada hoream Ratih ngoloyong deui ka hareup, kulutrak muka konci, pucunghul sirah saurang awewe umur 40 taunan bari seuri “ wilujeng enjing neng Ratih...”pok na, “wilujeng enjing bi...sok kalebet, naha bibi meni siang kadieuna ? biasana tabuh genep tos kadieu, janten we abdi kasiangan..?”. Ratih mentog ka bi Warsih, inyana anu sok babantu di imah Ridwan jeung Ratih, purah nyeuseuh jeung masak, pembantu cenah ngarana ceuk jaman kiwarimah. Ngan bae teu mondok didinya, bi Warsih gawena ukur nepi ka jam opat sore. “Saleresnamah Neng bibi tos dua kali uihan kadieu, tabuh genep bibi sapertos biasa tos ngebel panto, namung teu aya anu ngawaler, janten bibi wangsul deui, da pangemut teh bilih ngaganggu kanu kacapean panginten, apanan tadi wengi teh malem jumaah” tembal bi Warsih bari nyerengeh. Gebeg Ratih ngangebeg, enya wae, tadi peuting teh malem jumaah, pantes atuh aya jurig nyiliwuri setan mindah rupa ngadon ngadatangan manehna. Birigidig Ratih ngabirigid bari ngusap beungeut, “ku naong neng ?” bi Warsih heraneun ningali pamolah Ratih. “Ah..henteu bi, sok mangga kalebet weh”.
Duanana ngabaliur ninggalkeun imah, nuju kantor sewang-sewangan. Ridwan nganteurkeun heula Ratih saperti biasana, kakarak manehna nuluykeun nuju kantorna sorangan. Bi Warsih gura giru beberes saperti biasana, teu kungsi dua jam imah geus beresih jeung rapih. Sakabeh gordeng di singray-singray keun supaya cahaya ponon poe bisa nembus bebas ka jero imah, komo imah Ridwan jeung Ratih mah beungeutna nyinghareup ka wetan.”enggg....ngeong...ngeong...”kadenge sora si Lugay ngaherengan di luhur, tara biasana eta ucing hehereng ciga kitu, bi Warsih getap nyampeurkeun kaluhur, pikirna lapar meureun si Lugay, “lugay....lu....lu...lugay...” bi Warsih nyalukan ucing bari mamawa mangkok eusi parab, terus naekan tangga ka loteng ,  nepi ka rohangan loteng nyampak si Lugay keur ngaherengan kaca lomari hias, anu pinuh ku boneka, koleksi Ratih jaman keur rumaja jeung koleksi boneka Mira anu jadi adina. “Dasar ucing...boneka diherengan...disangka beurit kitu ?”.Bi Warsih kutuk geneng bari nyampeurkeun si Lugay, “ elu..ieuh daripada ngaherengan boneka meningan dahar tah !..” sok mangkok parab di asongkeun ka si Lugay ”Weonggggg...!!!!” si Lugay teu pupuguh ngarontok kaca terus nguliwed katukangeun bi Warsih, puguh we bi Warsih ngarenjag reuwas”ih kunaon ari maneh ?” bi Warsih bangun anu kesel ka si Lugay. Leos bi Warsih balik deui ka rohangan handap, teu mirosea pamolah si Lugay anu terus rorontok kana kaca sakapeung kana korsi terus nyakaran karpet bari teu reureuh uang eong. “TRANGSS....!” kadenge aya sora anu lagrag, kolotrak.....bangun anu ngagulutuk, ret bi Warsih katukangeun nana katingali tatakan stainles ngagilinding terus miheulaan manehna turun tangga. Bi Warsih olohok,” naha tatakan timana ? bet aya di luhur ? urut cep Ridwan meureun... dasar ucing bangor..”. Bi Warsih terus tuturubun nuturkeun tatakan anu ngagilinding, ku jauh terus maju nepi ka panto kamar Ridwan jeung Ratih, kerewek di jewang ku bi Warsih nepikeun nubruk panto, bray ! panto kasurungkeun muka, gebeg bi Warsih ngagebeg ningali saurang awewe keur ngajepat disimbut dina kasur, bi Warsih ngagerentes ”Apanan neng Ratih tadi geus indit jeung salakina, naha saha ari ieu ? balik deui kitu neng Ratih teh ?” lalaunan bi Warsih ngeteyep nyampeurkeun anu sare”Neng...neng...kunaon mulih deui ? eneng teu raraos ?” tanya bi Warsih kanu ngajepat dina kasur, anu ditanya malah nonggongan lain ngajawab. Bi Warsih ngawanikeun maneh noel anu ngaringkuk nonggongan, barang anu ngaringkuk malik, “aaaaaaaaawwwwwwwww....!!!”. Bi Warsih ngoceak bari malik lumpat, panto kamar di bantingkeun sataker kebek, naha eta saha...naha bet rata beungeutna...euweuh panonan...euweuh irungan...euweuh biwiran...barared jeung getih hungkul. Bi Warsih terus mangpret kaluar imah. Tiiiiitttttt....kadenge kelakson mobil tiluareun pager imah. Reg Warsih eureun tina lumpatna. Singhoreng Ridwan jeung Ratih baralik deui, padahal kakarak jam sapuluh isuk-isuk. Bari jeung reuwas keneh bi Warsih muka panto pager. Sanepina diburuan Ridwan jeung Ratih gura giru turun nyampeurkeun bi Warsih anu renghap ranjug. “Kunaon bi ?...aya naon ?...” dua nana hari weusweus nanya bi Warsih. Anu di tanya ukur narik nafas panjang, gek diuk dina sisi teras bangun anu lungse. Ratih nyampeurkeun, gek diuk gigireun bi Warsih,”Bi...cing nyarios ka abdi, aya naon”, Bi Warsih ngareret kanu nanya, manehna maksakeun nyerengeh”henteu neng eta si Lugay...diparaban ku bibi tapi kadon ngarontok jiga anu dek ngegel.” Bi Warsih kapaksa ngabohongan ka dunungan nana, maksudna mah bisi dunungan nana jadi sarieuneun lamun di dongengkeun naon anu geus katingali ku manehna. Ratih ngerutkeun tarang...manehna surti aya anu dirahasiakeun ku bi Warsih ka manehna, tapi Ratih teu hayang loba omong, pok na, “ah...suganteh kunaon ari bibi...” sabari cengkat terus nyampeurkeun salakina. Tiluan nana sareuri koneng...(nyambung....)
Reup magrbi Ridwan ningali pamajikan nana aya ku tanghinas ngahurung hurungkeun lampu,atuh rohangan imah jadi ngebrak caang jiga anu dek hajat.  TV di hirupkeun jeung sorana ditarikan, “neng kunaon ieuteh ? tara biasana narikan sora TV sareng ngahurungkeun lampu sakieu caangna ?”. Ridwan mimiti nanya pamajikan nana kulantaran ngarasa heran ku pamolahna.”Supados teu keu eung kang, neng mah sieun aya jurig deui...” tembal Ratih. Ridwan asa di ingetan, kajadian tadi peuting oge can apal aya naon naon na, puguh tadi peuting Ratih teu beunang di tanya. Ridwan nyerengeh bari nuyun pamajikan nana,”neng...cing akang hoyong terang, ari tadi wengi aya naon ?”. Gebeg anu ditanya ngagebeg, asa di seureud engang jigana nepi ka tingali pisan awakna ngageter...”tong naros eta kang...neng sieun, malahan akang mah wengi oge jongjong tibra..” Ratih sepa deui beungeutna ras inget kana kajadian tadi peuting.”Mening oge nyarios  supaya akang apal aya naon-naona...apanan lamun kajadian itu ieu, akang puguh meureun nyikepan nana, henteu jiga ayeuna...akang bingung  ari neng sieun kunaon...? da akang mah teu ngarasa aya nanaon..”. Panjang lebar Ridwan negeskeun mamksudna, Ratih ngahuleng sakeudeung, kojengkang manehna nyokot cai nginum anu ngajugrug dina galon, lek nginum bangun anu haus kacida. Gek deui diuk gigireun salakina, malah meni nempel meped diukna  ciga anu sieun pajauh, Ridwan meulitkeun leungeuna kana cangkeng Ratih.”Kang...tadi wengi abdi teu tiasa peureum...hareudang kacida...waktos abdi hudang bade turun tina ranjang...pean abdi aya anu ngabetot tikolong ranjang..meni karaos pisan tiis jeung heuras kulitna...teras abdi naek deui kana ranjang tapi kipas angin teu pupuguh muter sorangan...barang ku abdi di reret aya jalmi ngagantung...dina kipas...sareng abdi apal ka jalmi eta....”.  Cakakak Ridwan seuri nepi ka reumbay cimata, ngadenge dongeng pamajikan nana. “Neng matakna ulah sok ngalamun anu lain- lain..maenya aya jalma ngagantung dina kipas sagala, jiga filem horror wae...”. Ratih ngagadeud keuheul kasalakina, dumeh teu percaya kana naon anu dicaritakeun na. “Nya akang mah kadon nyeungseurikeun, lain kadua karunya...? tadi cenah nitah nyarita..ayeuna tos dicaritakeun malah ngageuhgeuykeun...”. “GULUKGUK....GULUKGUK...GULUKGUK...”. Ngadadak kadenge sora galon cai disada tarik pisan gelembung caina terus naek turun. Serrrr......karasa aya angin asup kajero imah duka timana datangna beuki lila beuki tarik, serelek hordeng hareup ngagulung kasisi bangun aya anu mukakeun...katingali diluar hujan ngagebret...”KOLENYAY DUERRRRR...!” sora guludug tarik pisan, “”Rekeeeeettttttttt.....BRANGS...”” panto pager imah muka disurung angin. Ridwan ereun tina seurina, “euleuh naha ieuteh teu gugur teu angin bet hujan..” terus manehna cengkat, kojengkang ka dapur nyokot payung niat dek nutupkeun panto pager imah. Ratih gura giru nuturkeun...”kang eneng ngiring....”, Ridwan teu nembalan ukur ngalieuk bari terus noyod ka dapur. Bari jejengkean nyingkahan cai leuncang duanana leumpang kaburuan, ceg kana panto pager terus disurungkeun, “neng cepeng payungna...beurat geuning  pantoteh, kurang oli sigana” Teu ngadagoan ditembalan Ridwan nyered panto...hiuk angin ngagedean...kalayang...payung anu di cepengan ku Ratih ngalayang kabawa angin...”KOLENYAY JELEGER...” guludug nyamber deui...reg Ridwan ngarandeg teu nuluykeun nutupkeun pantona, diluareun pager...manehna ningali aya anu ngaringkuk ditengah jalan...ciga jalma anu nangkuban, lieuk manehna ka pamajikan nana, ngagupayan ku isyarat...Ratih bari jeung sieun oge nyampeurkeun...duanana jeng ngajanteng ngawaskeun anu ngaringkuk tengah jalan. Baseuh jibreg kahujanan,”Ratih ngaharewos “Kang  etamah jalmi sigana...boa teuing kapiuhan kasamber guludug...”. Ridwan unggeuk ngaheu’euhkeun omongan pamajikan nana. Keteyep dua nana ngeteyep nyampeurkeun jalma anu ngaringkuk tengah jalan. Bener wae, geuningan awewe..gok Ridwan cingogo leungeuna ngaragamang kana tak tak eta awewe anu nangkuban, terus awakna dibalikeun...barang geus nangkarak...”aaaaaaaaaaaaaa...!” Ridwan jeung Ratih bareng ngagarawak..eces pisan eta awewe anu ngajoprak teh beungeutna rata teu mang rupa, baloboran ku getih, getihna ngucur kabaseuhan cai hujan, can anggeus rasa reuwas jeung kagetna...kuniang eta awewe anu rata beungeutna teh cengkat...teu tatapasini deui Ridwan ngajewang  pamajikan nana bari lumpat kajeroeun pager imah, sataker tanaga panto pager anu tadi pageuhteh di bantingkeun bari terus di konci. Duanana lumpat tibabaranting nuju ka panto imah. Geblus duanana satengah ngabantingkeun awak kajero, gebrug panto ditutupkeun terus di konci. Diluar kadenge sora anu seuri nyikikik...hihihi....hiihiiii.....angin pating saleor beuki tarik, Ratih melong kasalakina...biwirna ngageter, cigana hayang ngomong tapi teu aya sora anu kaluar..Ridwan buru buru ngeukeupan pamajikan nana, tuerus dituyun dibawa kakamar,rekeeeettttttt...panto kamar disurungkeun...gebeg !!! duanana kacida pisan ngagebegna...aya saurang awewe keur  diuk dina sisiranjang, ngagelenyu ngajak seuri kaduanana”MIRA....?!”, Ridwan nyebutkeun hiji ngaran, kulapes...golosoh...Ratih kapiuhan, sakedet netra eta awewe anu disebut Mira ku Ridwan geus euweuh tina tempatna. Bingung...sieun..heran..pacampur ngajadi hiji. Ridwan gura giru neangan minyak angin jang maluran Ratih anu masih keneh can inget tina kapiuhan nana. Beres ngaganti baju anu bararaseuh, Ridwan mindahkeun Ratih kana luhureun kasur, bari terus irungna di angseuan ku minyak angin, lalaunan Ratih lilir...cimatana rembes...bray beunta..gabrug kasalakina. Duanana ngaharuleng ngaraga meneng, sibuk ku alam pikiran nana masing masing, Peuting karasa beuki jempling, hujan angin geus reuereuh. Tinggal sora jankrik maturan peuting. Pikiran Ridwan nyoreang lampah katukang, mangsa jaman keuer bobogohan keneh jeung Ratih, manehna inget pisan lamun ulin kamamana teu bisa duaan kudu wae adina Ratih ngingilu, puguh duanana dalit pisan ciga budak kembar, padahal lain, umur ratih jrung Mira ngan beda sataun,matakan gedena ampir sarua,malahan lamun anu teu apalmah pasti nyangka eta dua wanoja teh kembar, teudipiceun sasieur beungeutna jeung rigigna sarupa pisan. Malahan Ridwan mindeng pisan kalejokeun ku duanana. Tapi hanjakal adat adatan nana beda pisan, lamun Ratihmah, lemah lembut jeung leuleuy keudeu, tapi Mira mah galak jeung gede ambek, Ridwan inget,hiji waktu manehna ngajak ulin ka Ratih susulumputan supaya Mira teu nyahoeun, tapi dasar sial balik ulin kaperego di lawang panto, puguh Mira ngadadagoan tibarang manehna indit jeung Ratih, barang gok Mira keur diuk di teras bari ngukeuweuk manuk parkit, ret manehna neuteup kuring jeung Ratih, tetela ka ambek ngolepat dina kongkolak matana, beungutna ngagadeud terus ngabalieur kediing hangit taya pupurieun nana. Anu matak reuwas, duka manehna sadar atawa hanteu...manuk parkit anu dikeupeul nepi kamejrel bakat kutipeperekat di pake nahan ka ambek. Tisaprak harita Ratih jadi beuki hese di ajak ulin, kulantaran embung ninggalkeun Mira, lamun maksa di tinggal keun pasti bakal pasea rongkah, Ratih mineng nga sms ka kuring lamun adina sok nyiksa kamanehna bakat ku embung di tinggalkeun ulin ku manehna jeung kuring. Jadi kieu salah kitu lain, kuring mineng ngageremet kesel hate, naha boga pi adieun teh bet ku bubudakeun wae teu pisan ngarti, egois jeung hayang ngeunah sorangan. Sakapeung Ridwan sok ngagerentes hayang teuing geura bogaweun kabogoh supaya manehna bisa ngarasakeun ari jeung kabogoh teh asa kumaha. Tapi anu leuwih anehna deui, lamun ulin bareng tiluan Mira sok leuwih ogoan ti batan Ratih, kuring mineng era ku kalakuan nana, kabogoh kuring Ratih tapi anu landa lende jeung manja beak karep malahan Mira. Ratih paling saukur meureudeuy nahan perasaan ningali pamolah anu jadi adina. Untungna Ratihmah teu getas harupateun, leuwih loba ngelehan batan nandingan. Malah Ratih mah pernah nyarita “keun wae da jodo mah moal lumpat kamana”.
Teu karasa poe geus ganti ka isuk, teu sakerejep kerejep acan, boro – boro hayang sare anu puguhmah sieun eta dedemit anu mangrupakeun Mira jeung anu beungetna rata baloboran ku getih datang deui. 
Poe saptu Ridwan jeung Ratih biasa pere tina gawe, duanana geus katingali bebenah barang, di bantuan ku bi Warsih. Cenah dek ngadon nganjang heula ka bibina Ratih. Sabari ngalongok imah titinggal kolot, geus ampir sataun can dilongok, ti saprak indung Ratih maot kaleleban ku Mira, ukur beda sataun indungna terus nyusul ka alam kalanggengan. Jam sapuluh isuk- isuk duanana geus ngabelesur ninggalkeun imah, nuju” Cipamohalan” kampung tempat Ratih jeung Mira di lahirkeun, puguh caricing dikota soteh kulantaran bapana meunang tugas di kota. Tisaprak bapana tilar dunya kulantaran panyakit jantung, ditambahan ku kacilakaan Mira kasamber kareta, indung Ratih milih balik deui ka kampung. Bet asa katurug katutuh memang musibah anu tumiba ka kulawargana Ratih harita. Eta oge anu ngajurung Ridwan buru-buru ngawin Ratih lantaran karunya geus paha tulalis ngan sa ukur aya bibi jeung pamanna eta oge di lembur. Opat jam perjalanan Ridwan jeung Ratih geus nepi kanu di jugjug. Diparapag ku kulawarga bibina meni asa sono, ngarariung di tepas bari uplek ngobrol mudalkeun kasono. Ridwan malahan di ajak ku mang Soma ningalian heula imah ka kulon, kulantaran teu ngabejaan heula dek daratang nya imah can diberesan cenah. Satepina kaburuan, “Mang geuningan bareresih..dirawat unggal dintennya ku mamang ?” bari tuluy muka panto tepas, blus ridwan kajero...karasa tiis puguh imah tara aya anu ngusian. Imah anu sakitu gedena dijieun tina kai dipanggungkeun katukangna,tembokna dilapis ku bilik hinis meunang malitur. “Wan...ari di rawatmah saban poe, lain ku mamang tapi ku si Ajat, tatangga mamang. Ngahaja supaya manehna boga gawe tambahan pikeun maraban anak pamajikan nana”. Mang Soma nembalan pananya Ridwan. “Upami biaya kanggo mayarna tisaha mang ? apanan abdimah teuterang upami aya anu dipiwarang ngarawatan ieu imah”. Mang soma ngajawab deui “Apanan unggal tilu sasih sakli Ratih sok ngintunan pikeun biayana mah”. Bari ngurilingan imah Ridwan ngobrol kaditu kadieu jeung mang Soma, salaki bibina Ratih.
Kasorenakeun Ratih geus bebenah jeung salakina, dek mondokan imah anu jadi kolotna, niatna hayang istirahat tina kacape gawe  jeung pangalaman dua poe kamari anu pikasieuneun. Imah kolotmah meureun leuwih genah jeung tumaninah sok sanajan anu bogana geus arareuweuh. Di Cipamohalan lemburna can gegek, antara imah hiji jeung imah sejena masih keneh paturenggang, puguh lalega keneh tanahna, henteu ciga di kota, ceuk bohongnamah hese hitut-hitut acan. Ratih ngahaja milih kamar hareup,kamar anu baheula di pake jeung adina. Duka kunaon hatena ku keukeuh hayang milih kamar eta, jiga anu poho kana kareuwas kamari lamun aya “MIRA” ngadon diuk disisi ranjang manehna. Bakat ku cape jeung tunduh urut peuting kamari teu sare, bada Isya duanana geus tibra ngagaluher, asup ka alam impian masing – masing. Panon poe geus meletek, sora manuk reang patembalan dina dahan angsana tukangeun imah. Angin tiis ngahiliwir.
Wanci geus bray beurang, Ratih mimiti katingali cenghar deui, sigana geus bisa tenang kabebenjokeun ku hawa seger jeung kabetah dilembur sorangan. Ridwan pon kitu deui, maneh na malahan keur sibuk mamawa kamera bari nutur-nutur manuk Bincarung anu keur baceo dina dahan tangkal Kokosan hareupeun imah. Kuat ka dengdek-dengdek melaan hayang meunang gambar anu sampurna. Ratih ngaleos ka kamar indungna, hayang ningali ranjang anu biasa di pake ku indungna mepende manehna baheula keur budak, ras inget jaman baheula,sok parebut jeung Mira hayang di saliksik ku indung bari dihariringan kulagu kidung. Pikirna nyoreang lampah katukang, mapay-mapay mangsa kabungah jeung gumbira sakulawarga. Kuniang cengkat...terus mukakeun lomari pakean, diteuteup hiji-hiji. Ret kana baju warna kayas, seredet hatena nyeblak geuning baju-baju jaman manehna keur budak aya keneh disimpen, hadiah naek kelas harita teh, sarua di pamgmeulikeun baju warna kayas samodel deuih rupana oge, gap di cabak...gepluk aya anu rag rag tina jeroeun baju, ku Ratih di ilikan geuning jepit buuk, saulas imut ngagelenyu dina biwirna, teu ka ampeuh ku rasa kasono, rus ras ka indung jeung ka bapa, cimata Ratih ngeclak mapay pipina aya gerentes anu kaluar tina hate teu ka tahan”Ambu....apa...hampura abdi...Ratih....”can anggeus gerentesna, “GEBLUG..!” panto kamar ngadadak nutup, Ratih ngagebeg sataker kebek, gura giru muka panto. Tapi pageuh...anak konci teu bisa di buka keun..macet. Lampu dijero kamar ngadadak hurung sorangan...reup bray jiga anu dek pegat..reket..reket..panto lomari rereketan...teu antaparah kerewek gagang panto lomari dicekelan pageuh..na atuh ari jelegedeg eces bengras katingali dina kalangkang kaca lomari aya awewe...ngajanteng satukangeun manehna..buukna kusut ririaban, beungeutna rangsak pinuh kubared jeung tatu anu jarero..getihna ngucur...nyarakclakan. “aaawwww...” Ratih ngoceak bari habek-habek eta kaca lomari dihanca ku peureupna, bari terus noroweco”Kaditu...Ratih...kadituuu...tong ngudag-ngudag wae...ampun...hampura...ampun...”. Ratih terus jejeritan bari noroweco nyebut – nyebut ngarana sorangan. Ridwan anu titadi geus ngabandungan satukangeun panto,ngaras heran,naha bet nyebut-nyebut ngarana sorangan, kulutrak bray...panto disurungkeun ku Ridwan, kasampak Ratih keur ceurik nginghak...bari nyarekan kana kaca..leungeuna baloboran ku getih balas neunggeulan kaca lomari. Ret ka Ridwan ngesod tina diukna rada mundur. Roman beungeutna bangun anu reuwas jeung sieun manehna meped kana sisi tembok kamar. Ridwan cingogo ngadeukeutan pamajikan nana”Neng naha bet nyarios sabulang bentor..nyeuseulan nyalira...aya naon deui ?”. Gerewek Ratih ngagabrug salakina, ti pepereket, “Kang hapunten abdi...abdi tos teu kiat diudag-udag ku Ratih...Ratih cigana hoyong males kanyeri ka abdi...”. Bari nyegruk aluk-alukan dina dada salakina. Atuh puguh  Ridwan beuki bingung, naha ari ieu saha anu dihareupeun manehna ? apanan  Ratih pamajikan nana, antukna Ridwan ngaleupaskeun tangkeupan pamajikan nana, disurungkeun lalaunan, terus diteuteup anteb ti mimiti beungeut nepi ka suku. Weleh teu ka harti...puguh memang Ratih ieu pamajikan nana. Bari nyusutan cimata ratih sisimekeun teu reureuh “apal kang...? apal teu...saha ieu anu sabenerna ? saha....?” teu gugur teu angin Ratih nyentak bari ngageubig geubig  awak salakina. “Kuring lain Ratih...tapi Mira...!!, bongan na akang baheula ngan mikacinta jeung mika deudeuh ngan ka Ratih...kuring teu bisa narima..!!!. Lenyap hate Ridwan ngalenyap lir ibarat ngadenge guludug tengah poe, bet asa di bentar gelap ! “jadi salila ieu..Ratih kamana ?..saha anu maot katabrak kareta api ?”. Ridwan malik nanya ka pamajikan nana, “Anu maot Ratih...lain katabrak...tapi ngahaja kukuring ditabrakkeun kana kareta, kuring teu kuat kudu nandangan timburu saban waktu...kuring hayang mibanda anjeun Ridwan...euweuh deui carana salain kudu nyingkirkeun Ratih tina kahirupan,...rumasa kuring poekeun....” Segruk deui ceurik ngabangingik... Nyel Ridwan ambek...getihna asa naek kana embun embunan..kerewek malik newak taktak pamajikan nana, “Jadi salila ieu anjeun nipu ka kuring...Naha Mira...nahaaaa...? naon salah kuring jeung Ratih ka anjeun..naon !!!??”. Ridwan sesentak jiga anu hayang neureuy ka jalma anu salila ieu jadi pamajikan nana. “Anjeun anu bodo katotoloyoh Ridwan...lamun bae harita anjeun datang ngalongok sawaktu Ratih dikuburkeun, anjeun moal katipu...moal..! tapi anjeun harita euweuh keur sakola di Ostrali..malahan anjeun angger sok nga smsan ka Ratih...padahal anu bogana geus taya dikieuna..” Pamajikan nana nongtrowelang malik nyarekan bari ngajentrekeun kajadian anu sabenerna. Ridwan ngaleketey ngadenge pangakuan tipamajikan nana anu sa estuna geuningan MIRA lain RATIH lanceukna, lain kembar tapi estu siga kembar...susah ngabedakeunna. Ridwan cengkat tina cingogona bari ngadelek ka Mira”teu sangka geuningan anjeun siga iblis...ngabelaan rasa cinta nepi ka luas nelasan lanceuk sorangan..dasar iblis !!!” leos Ridwan ngaleos ninggalkeun Mira anu masih sisimekeun, can oge ninggalkeun lawang kamar”JEBROD..!!! PRACCCKKKKSSS...!!!” aya barang anu ngabeletuk ninggag kana sirahna, leng katurelengan...titingalian runyay..terus poek.
Duka sabaraha lila manehna kapiuhan. Barang sadar awakna geus aya dina korsi goyang, kadua leungeun jeung sukuna titalian pageuh, awakna dibeungkeut kana korsi, malahan biwir manehna diwewelan baju kaos ditalikeun kasatukangeun sirahna. Ridwan culang cileung...rohangan ukur di caangan ku lampu lima watt...ukur buruan anu ngagebray katingali tina sela sela panto anu nutup rapet. Pohara Ridwan ngarasa reuwasna, tetela Mira geus ka asupan iblis,manehna geus ngarencanakeun rek ngarogahala. Saeusi imah asa geus ka ambeu bau minyak tanah jeung bengsin...Ridwan satekah polah muter otak kumaha carana supaya bisa leupas, leungeun jeung sukuna terus di gerak gerak, papalar sugan wae talina bisa ngalogoran jeung leupas, kulit lecet teu dirasa, malahan geus rembes garetihan, gubrag korsina nga gubrag...ret juru mata Ridwan ningali sasemplek kaca anu peupeus, perecis gigireun dampal leungeuna, teu miceun kasempetan..sesemplekan kaca peupeus di kait ku kadua leungeunna terus digesrek...kadenge sora lengkah ngadeukeutan...singhoreng Mira geus ngajanteng hareupeun nana,lengeun kencana ngeukeuweuk peso dapur anu gugurilpan, leungeun katuhuna mamawa lilin anu meunang ngahurungkeun, beungeutna beu eus kucimata..tapi matanma liar...neuteup seukeut ka Ridwan. Dek manehna deku hareupeun beungeut Ridwan, sorana peura campur jeung sisimekeun,pokna “Teu rido....dunya aherat lamun anjeun kudu dipimilik kunu sejen, Ratih geus beunang disingkirkeun...tapi kiwari datang hayang males pati...usaha kuring geus katohyan..ieu..meureun sesa tilu taun katukang...kudu dianggeuskeun ayeuna..urang kudu paeh babarengan...!!”. Kolebat...leungeun kenca Mira ngulangkeun peso...jelas anu ditujuna beuheung Ridwan...sataker kebek Ridwan ojah ngabantingkeun awakna...korsi anu ngahiji jeung awakna ngilu kabantingkeun “HABEK..!” keuna pisan kana hulu angen Mira...gubrag Mira ngajengkang...teu beunang di ingkahan takdir ti gusti yang widi lilin anu di cekel kumira ngalayang...gepluk kana karpet anu meunang manjuran ku minyak tanah jeung bengsin...jegur..seuneu ngagugudag...Ridwan hasil ngaleupaskeun leungeuna tina tali anu nalikung, gura giru manehna ngalaanan tali anu meungkeut awakna...leupas...tinggal dina suku can kabuka bari ngajauhan  seuneu anu beuki ngentab Ridwan ngagesor kasisi niat ngalaan tali dina suku, kuniang Mira cengkat tina labuhna teu antaparah gabrug ngarontok Ridwan bari nojoskeun peso, Ridwan teu bisa laluasa ngahindar puguh sukuna masih keneh ka beungkeut. Antukna papuket duanana, jogol adu tanaga...Mira bener bener ka surupan setan tanagana bedas, giclek...! gabressss...! peso anu di cekelku Mira nanceb pisan di tak tak Ridwan “aaaaaaaaawwwwwww...” Ridwan ngoceak nahan kanyeri. Teu beakeun akal tuurna di tilepkeun dipake nahan awak Mira anu nindihan nana...kerewek leungeun Mira beunang di cekel terus diparilitkeun..Mira ngoceak bari ngagurinjal..teu miceun kasempetan awak Mira dijejek kudua sukuna anu masih keneh ka beungkeut. Koleang...gubrag!!  awak mira ngalayang ninggang meja anu geus mimiti hurung kuseuneu. Sakuat tanaga Ridwan ngangsrod kaluar ti imah anu geus pinuh ku seuneu diditu didieu, gubrag awakna ragrag ka buruan. Diluar Tatangga geus rajeg, tihot hat malanjuran seuneu..malahan aya anu nuaran tangkal cau di alung-alungkeun kana seuneu. Ridwan pada muru ku tatanggana, digalusur kanu lega...ti jero imah kadenge anu seuseurian...gajleng..!!! gedebut !!!! awakna geus teu puguh rupa puguh kaduruk..Mira...noroweco...sagala do omongkeun...sakapeung ceurik ngabangingik ciga anu kaduhung.
Sakapeung hahaok nyarekan duka kasaha...


PANUTUP
Sanggeus sagalana beres, Ridwan mulang ka kota di alanteurkeun ku tatangga. Mira dibarawa karumah sakit jiwa, pikeun narima balitungan tina sesa pamolahna tilu taun katukang....CAG.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar