Meunang ka teungeunah dina rapat di pagawean,
asa ku nengel pisan kana hate, di sengklek keun bebeakan pajar maneh teu becus
gawe. Hareupeun batur deuih, duka teuing kasurupan setan naon eta juragan anu
boga pabrik bet teu gugur teu angin nyarekan ka kuring. Balik mawa pikiran rungsing
jeung teu ngeunah hate, saberesna nyimpen kandaraan kuring leumpang nuju ka
pasir maksudmah hayang ni is mapalerkeun kateungenah hate. Teu mikiran lamun
harita teh geus jam 10 peuting malahan reu eukna langit oge teu ieuh di palire.
Nepi ka pasir anu di tuju, hawa karasa tiris pisan, angin rada tarik
ngeundeugkeun tatangkalan. Awi pating rareket silih gesek jeung baturna, manuk
cukcruk ngelentrung dikajauhan jiga sora anu keur nutuhan kayu. Tara tisasari
bet anjing oge barabaung lamat-lamat. Kuring jongjon mencrong kota anu
baranang, bener meureun Bandung teh jaman purba baheula mangrupa situ gede,
puguh di ilikan ti tempat luhurmah eces pisan jiga urut situ. Duka teuing
sabara lila kuring ngajejentul...ujug-ujug kadenge sora awewe ceurik
sisimekeun, hawar-hawar kabawa angin. Gerentes hate "naha saha wayah kieu
ngadon ceurik dinu bala ?". Kajurung kurasa panasaran, eta sora diteangan
palebah mana asalna. Tapi weleh kadon asa beuki ngajauhan. Tungtungna cape
sorangan, kuring eureun, gek diuk dina catang pines sisieun jalan satapak,
ngahurungkeun udud nuluykeun cindeluk. "BLETAKKK!!!"...teu pupuguh
aya anu nimbul ku karikil keuna pisan kana catang anu didiukan, reuwas aya
keuheul aya, naha bet ku teu adeuh jeung ngabentur sagala rupa. Kakarak oge
kuring nangtung, KOROSAK...KOROSAK..KOROSAK..!belah kencaeun siga aya anu
lalumpatan...eurih oyag ibarat anu digaley ku ratusan suku anu lumpat...tapi
euweuh jirim anu ngajinis saurang oge, angin beuki tarik ngagelebug. Kuring
colohok ningali eta kajadian...bulu punduk bet muriding..hawa ngadadak asa jadi
ngahaneutan nepi ka karasa panas..."GEDEBUT...BRUGH.."...aya sora anu
tibeubeut satukangeun kuring, rikat kuring malik...aya barang anu
ngagoler...teu pati sidik puguh poek...naha bet jiga ririaban katiup angin...salengkah...dua
lengkah kuring nyampeurkeun kana eta barang anu ngagedebut tarik tadi...ari
gok..gebeg...jajantung asa eureun...geuning anu ngagubrag teh "sirah
jelema" euweuh awakan...getihna masih keneh ngucur...buukna panjang
ririaban katiup angin. Kurinmg ngajengkat mundur ampir labuh, mata tetep
mencrong kana eta sirah...anjing dilembur beuki raeng babaung...koreak pating
koceak, dibarengan sora cihcir jeung caricangkas patembalan...angin terus
ngagelebug beuki tarik. Can anggeus kuring mikir...kalayang...eta sirah
ngalayang...tapi lain ditiup angin, tapi hiber ku sorangan...bu,ukna nyingrai
ririaban...beungeutna eces katingali..pias puguh teu kaca,angan...matana eces
melong kakuring...seukeut teuteupna ciga anu euceub...kuring nahan ambekan,
ngumpulkeun kawani bari teu weleh mikir naha mahluk naon ieu...belesur...eta
sirah ngabelesur ka kuring...bari muka sungut nembongkeun huntuna anu rangeteng
sareukeut...teu kaburu kuring nyingkahan nana puguh diluar sangkaan, ukur bisa
pasrah ngayonan sabisana...tinggal sababaraha senti deui eta sirah dek nubruk
kuring"SIUTTTTTT....." aya sora anu dibarengan cahaya hejo miheulaan
nubruk eta sirah,"BLARRRR...!!!" sora anu ditimbulkeun ku eta
tubrukan pohara rosana. Kuring kabantingkeun ka tukang sababaraha lengkah..sirah
karasa lieur...tetenjoan runyay...aya sora anu ngagetak ka kuring..."GEURA
MULANG LAIN WAYAHNA KEUR ULIN...!". Teu loba mikir kuring cengkat bari
langsung naker tanaga lumpat ninggalkeun eta tempat.
Nepi
ka pupudunan anu rada lenglang, kuring reureuh sakeudeung bari narik nafas,
kesang tiis masehan sakujur awak. “Astagfirullah...naha mahluk naon anu tadi
teh ?” kuring ngagerendeng sorangan. Reuwas ka reureuhnakeun, nepi ka teu sadar
lamun kuring masih keneh jauh kalembur, hujan girimis kapeutingnakeun di baturan
ku bulan anu remeng remeng kalimpudan mega. Angin mimiti leler henteu tarik
teuing, sababaraha kali kuring narik nafas panjang nenangkeun hate anu tagiwur,
rarat reret kakenca jeung kakatuhu neangan sugan aya dahan atawa naon bae anu
bisa dikeupeul pikeun ngajaga diri bisi aya deui anu ngaganggu sapanjang
leumpang. Kabeneran aya dahan sagede pigeulang kolot, lumayan ceuk pikir
kuring, teu tatapasini ngan kop we di bawa, bari terus leumpang. Pupudunan geus
beak, jalan mimiti taringgul ku batu jeung hieum ku kebon awi kenca katuhu,
ampir mirip torowongan. Sora bueuk mapantes peuting di papaes ku sora cihcir
ciga budak anu ceurik. Kuring teu ebat terus leumpang neuteup jalan anu mimiti
poek deui ku kalangkang awi. “eh....naha bet bau hanyir...kuat ka hayang utah
kieu”. Kuring mimiti culang cileung, dahan kai pageuh dicekel bari siap siaga
bisi aya deui sirah anu tadi nuturkeun...euweuh...euweuh nanaon, tapi bau
hanyir beuki nyedek kana angen asa ngucek ngucek eusi beuteung, leumpang
digancangan bari tetep waspada, na atuh can oge sapangiceupan...ngadadak
tangkal awi kenca katuhu gegebregan sorangan terus pucukna hirup turun kajalan
jiga anu hayang mecut...geus kitu plentung deui ngajebred kaluhur nepi ka
ngahiuk sorana. Kuring ngajarigjeug mundur...naon deui ieu...? gerentes hate
kuring bari tipepereket nahan rasa kasieun anu mimiti muntangan hate. Tangkal
awi terus teu daek eureun gegebregan jeung pelentang pelenting nyapuan
jalan...bueuk pating garapak halaliber tina dapuran awi bari nyawara anu pikasieuneun,
jangkrik beuki nitir ngajerit ningali awi anu teu puguh polahna...anjing
barabaung deui ti kajauhan nambahan peuting beuki geu euman. Bari istigfar
kuring ngawanikeun maneh, maju nyorang jalan anu dihalangan kupucuk awi , duka
meunang ideu timana, teu antaparah barang pucuk awi turun kana taneuh
jalan ngan habek-habek bae kukuring diteunggeul ku dahan kai anu meunang mulung
tadi bari ngagorolang sagala dibaca. Na atuh koceak teh kadenge sora awewe
ngoceak...melengking tarik meulah langit...bareng jeung ngajebredna pucuk awi
kaluhur. Kuring olohok ngembang kadu bakat ku reuwas, eces aya mahluk duka
kumaha rupana anu puguhmah ciga buuk anu ngagulung melesat kalangit bari
ngajerit.....aaaaaaaaaaaaaaa.........kuring jadi ngilu ngagorowok, berebet
lumpat sataker kebek, tunggu dilarung catang dirumpak geus teu hayang deui
ningali katukang. “jedak..gubrag...!!!”, aya anu katubruk duka nanahaon..bluk
kuring labuh nangkuban, aya anu tiis katindihan, nyelecep batan es, teu wasa
beunta...ukur bisa ngadu’a na jero hate...”Ya Allah salametkeun abdi tina
gangguan mahluk jahat..”. sawatara lila kuring cicing teu obah..teu aya nanaon
jempling lain ti sora angin anu ngeundeugkeun dangdaunan pating keresek,
lalaunan mata ku kuring dibeuntakeun, gebeg...jajantung asa coplok...geuning
anu ti is katindihan teh mayit meunang mungkus ku boeh....Alloooohhhhhu
akbar...! kuring ngagorowok bari takbir, teu ngadagoan eta mayit hudang kuring
lumpat tibabaranting...nembus poekna peuting.
Girimis beuki kerep
masehan sa awak-awak, jalan anu ditincak karasa beuki leueur, kuring ngarandeg
tina lumpat, ngarahuh narik nafas, awak karasa cape pisan komo bitismah asa
ngadadak ngabadagan. Tapi naha can nepi keneh ka imah, rarasaan mah tadi waktu
ninggalkeun imah teh henteu jauh-jauh teuing. Tapi na bet hese balik ieu teh,
duka palebah mana kuring leumpang ayeuna, ngajauhan atawa ngadeukeutan imah.
Accchhhh....!!!antuk na kuring kesel kadiri sorangan, naha bet kalalanjoanan
lumpat teu make pikiran jeung tinimbangan. Tikoro karasa garing...halab hab
hayang nginum sok sanajan tiris angger we teu ngaleungitkeun rasa haus. Hayang
teuing manggih imah sugan we bisa ngilu reuereuh sok sanajan pasti bakal
ngagareuwahkeun mah, puguh meureun nganjang lain mangsa. Hate masih gegebegan
keneh ras inget kana mayit anu katindihan, naha mayit saha jeung urang mana ?
kupangangguran digolerkeun tengah jalan. Atuh tada teuing bauna lamun geus
lila...karasa keneh nyelecepna eta mayit anu katindihan puguh ka anginan ka
ibunan meureun, tapi nahanya bet henteu bau ? anyar keneh kitu di tundana
?...hiiiiiyyyyy...geus ah naha bet mikiran eta mayit sagala henteu
ngadatangkeun mangfaat anu puguhmah matak nambahan kasieun jeung ka keu eung.
Keur anteng kitu kuring ngadenge sora cai ngerelek...tibelah katuhueun jalan
anu diliwatan, “ah...geuningan aya cai...pasti cai nyusu..” gerentes kuring
dina hate. Teu loba mikir kuring ngadatangan eta sora cai anu ngerelek...bener
we aya cai nyusu handapeun akar Loa, puguh masih keneh janari remeng remeng
caiteh ku gugurilapan siga pemata. Gog kuring cingogo...terus nyiduk cai
kudampal leungeun...ahhhh...seger...meni cambewek karasa ngaliwatna kana
tikoro...ngadadak kuring asa jag-jag deui...tapi naon nya eta anu ngarunggunuk
handapeun Loa? ciga...baju...? atawa karung nambru....? ach...kajeun teuing dek
nanahaon oge, dek jurig...dek demit.....can anggeus nuluykeun kukulutus
sorangan...satukangeun kuring kadenge aya sora
“kecepruk...kecepruk..kecepruk...” siga jalma anu keur leumpang dina cai..beuki
lila beuki eces sorana asa ngadeukeutan, rey..puringkak...bulu punduk jeung
leungeun as cara rengkat...kuring teu hayang ngalieuk, geus kabayang
pasti eta dedemit deui...lalaunan kuring ngolesed nyalingker katukangeun
tangkal Loa, aya dahanna anu rada handap teu antaparah ngan terekel wae kuring
naek. Eces titingalian kahandap..bener wae teu sawatara lila rongheap aya jirim
anu rupana hideung meles alabatan bujur katel, herang ngagurilap ciga meunang
ngabaluran minyak..leumpangna lalaunan, beurat teun ku beuteung anu bunkayang
sakitu gedena. Beungeutna duka jiga kumaha, teu jelas kupoekna peuting jeung
eta mahluk leumpangna tungkul....kadenge sora nafasna anu renghap ranjug bangun
anu cape geus leumpang jauh...huh...hah...huh..haaaahhhhh....kitu sorana matak
reuwas jeung sieun puguh palebah kaluar sora haaaahhhhhh...manehna tanggah
kalangit siga anu hayang neang bentag...astagfirullah...geuning sihungan jeung
irungna meni pegek...matana herang jiga kaleci warna bodas semu teleng
kaluhur...dipapantes ku bulu jaregjreg dina sakabeh beungeutna ku persis jiga
tokoh kingkong dina film barat...hate kuring beuki rerempodan..eta mahluk terus
maju ngadeukeutan tangkal Loa tempat kuring nyumput...jajantung beuki
ratug...sataker tanaga kuring ngatur nafas supaya sorana ulah kadenge ku eta
mahluk..kesang kuring beuki ngoprot basa eta mahluk persis eureun handapeun
loa..beungeutna culang cileung..bangun aya anu diteangan....sora nafasna asa
beuki tarik gegebosan...bau hangru ka ambeuna ku kuring...can oge
ngarenghap...tibelah kalereun tangkal loa kadenge soara anu aneh jeung sora anu
ngagebrigan taneuh...kieu kurang leuwih
sorana”tong..tong..hot...tong..tong..hot...”diselang ku sora anu ngagebrigan
taneuh...Aung........sora anjing meni panjang babaung tebeh jauh...kabawa ku
angin lup lep jiga dina radio anu kurang teges sinyalna...kuring peureum
tikekereket...embung ningali naon atuh anu sorana aneh bieu..., tapi terus
kadenge jeung bangun anu ngadeukeutan kana tangkal
Loa..tong..tong..hot....brigbrigbrig...tongtonghot...brigbrig...terus beuki
deukeut, malahan asa geus handapeun dahan loa anu di pake nyumput ku kuring.
Hate teu burung panasaran...bari sieun tapi hayang nyaho jiga kumaha eta rupa
mahluk tongtonghot teh...lalaunan kuring meletetkeun
panon....gebeg....jajantung asa eureun...peresis handapeun dahan anu dipake
nyumput ku kuring.. aya 3 mahluk garendut saukuran budak umur 7 taunan, kulitna
hideung semu hejo, belewuk jeung bararotak sirahna...keur pating alacreug bari
hareureuy..bari ngaluarkeun sora tongtonghot...bari disada kitu eta 3 mahluk
aneh teh ngelelkeun letahna bari molototkeun matana....iiiiiccccchhhhh eta
matana jiga anu dek ngagejlig kaluar.Sedengkeun mahluk anu gede anu pangheulana
datang mimiti rumanggieung ngalengkah nyampeurkeu 3 mahluk anu keur
disarada...na atuh barang amprok eta mahluk anu tilu pating koceak....duka
kuring teu bisa nyapertikeun sorana jiga kumaha, ngan anu kasaksian 3 mahluk
tongtonghot teh birat lalumpat cingkalayang ka tempat anu poek...pating jarerit
dibarengan sora ngawikwik...anu ditinggalkeun teu ieuh ngudag, leumpangna
angger lalaunan...huhhhhh....haaahhhhh...huuuuu...hhaaaaaahhhhhh....asa ku lila
eta mahluk deuk ngajauhan nana meni jiga tetengek leumpangana. Sabot ngadagoan
eta mahluk ngajauhan kuring lalaunan ngolesed turun tina dahan, dampal suku kuat
kait neangan tincek keun...bari mata angger ngawaskeun eta mahluk anu
leumpangna lalaunan...duk...dampal suku katuhu asa meunang
titincakeun...tapi naha asa empuk jeung leuerur...barang ditingali
gustiiiii....nu agung geuning kuring nincak oray anu sakitu gedena.
Horeng anu siga karung ngalumbuk teh geuning oray warna hideung keur ngagulung
handapeun tangkal Loa. Guriwel eta oray ngabeulit kana suku kuring, kuirng
cicing..ngajanteng ngaraga meneng, inget kana papatah kolot lamun di deukeutan
orany ulah gareuwah, oray mah teu bisaeun ningali, da ngudag jeung macok oge
ukur nuturkeun gerakan mangsana. Gilisir...karasa eta awak kuring di papay ku
oray hideung...terus huluna ngadeukeutan beungeut kuring...bau hangru,
hanyir..jeung duka bau naon deui ngulibek mata oray katingali enyay-enyayan
siga aya listrikan anu koslet...kuring ngadeg-deg ampir teu bisa nahan
diri...awak asa beuki leuleus taya tangan pangawasa, ampir ngagubrag nyangsaya
kana tangkal loa...sidik pisan letah oray dek ngaletak beungeut kuring...sakali
deui aya sinar hejo nyamber eta oray..swing...cesssss....! sakedet netra
oray robah jadi haseup..dibarengan sora awewe ngajerit maratan langit......
Awak karasa lungse,
taya tangan pangawasa...sinar hejo terus muter ngurilingan kuring jeung tangkal
loa,beuki lila beuki luhur, terus melesat ka langit. Kuring bati colohok bari
ngahuleng, ras ku pangalaman ieu peuting, boga salah naon kuring ka bangsa
dedemit ? bet ku di udag-udag...?. Ach...weleh teu kapikiran. Antukna kuring
nundutan bakat ku cape,panon karasa beurat teu beunang
dibeuntakeun...lep...kuring ngalenyep, kakarak oge sakiceup mata
peureum...kadenge angin ngaguruh handaruan dibarengan ku sora anu ceurik meni
ngabangingik tur sisidueun, kuring buru buru cengkat mepedkeun awak kana tangkal
loa, sora anu ceurik beuki lila beuki eces...sakapeung asa di
kidul..sakapeung asa di wetan, kuring geus teu hayang lumpat,percumah sajauh
kumaha kuring lumpat dedemit angger ngarudag-ngudag, jeun teuing kumaha behna
wae, ceuk hate ngagerentes. Naha bet kudu sieun apan aya Allah anu nyaksian ieu
kajadian. Can beres kuring mikiran siasat kudu ku maha ngayonan para
dedemit,”BUGH...!” aya anu ngagedug hareupeun malahan persis dina tungtung
suku, teu antaparah ngan habek wae kukuring ditajong sataker kebek, rasa sieun
jadi leungit...datang rasa ambek nu teu beunang ditahan, awak kuring asa jadi
ngagedean, ngageter ku rasa amarah anu teu katahan, anu ditajong teu uget-uget
acan...kerewek di cekel beunang pisan, karasa aya bu ukan, pasti ieu hulu
manusa anu tadi ngamimitian ngaganggu, ngan jebrod...jebrod..terus dibanting
banting kana tangkal loa, duka sabaraha kali dibantingkeun bari teuleupas
dikeukeuweuk...tapi...naha leungeun jadi hampang ? ahhhh....hulu teh
euweuh....!!!!! rieg...taneuh anu di tincek asa endeur ciga ku lini...kuring
usaha sataker kebek supaya ulah
labuh....HAHAHAHAHAHA.....HEUUUUU...HEUUUU...HEEUUUU...HAHAHAHAHAHAHA.....”Kadenge
sora anu saleuseurian patembalan teu puguh kadengena, aya anu nyakakak, aya anu
nyikikik...gerewek karasa aya anu nyekelan suku lebah
bincurang...aaaaaawwww....!!! kuring ngagorowok tarik pisan barang ningali
sapasang leungeun buluan.kukuna paranjang lalancip muntangan kadua suku
kuring,anu matak leuwih reuwasna...eta leungeun...euweuh awakan anu bogana,
estu saukur leungeun kaluar tina jero taneuh anu di tincak kukuring...suku
kuring dibedol tarik pisan...terus dipaksa di bawa asup kajero taneuh...sakedet
netra suku kuring geus ngabelesek nepi kana mumuncangan, kuring sakuat tanaga
nangkeup pageuh kana tangkal loa....aaaaaaaaa.....!!!!!....hulu manusa anu tadi
kukuring dibanting-banting teu kanyahoan mecenghul tina jero tangkal
loa...matana herang warna bodas euweuh hideungan...buukna
ngaringkiwik...gigideug bangun anu hayang geura bijil nembus kulit tangkal loa...huntuna
ngagurilap seukeut...kapaksa kuring ngaleupaskeun tangkal loa anu dikeukeupan.
“GUBRAGGGHHH....!” awak kuring nangkarak niban lemah...sedengkeun leungeun anu
datangna ti jero taneuh terus maksa ngagusur kuring tarik pisan...kadua
leungeun kuring roroesan neangan pamuntangan....kerewek aya anu kacekel, kuring
muntang sataker kebek..”BREEEEE...TTTTSSSS...!” Anu dipuntangan karasa pegat
aya anu haneut maseuhan dampal leungeun........barang di
reret.....aaaaaaaaaaaaaaaaa..........geuningan bitis jalma anu coplok tina tu
ur nepi ka mumuncangan beye jeung bau bangke tapi getihna ngucur maseuhan
leungeun kuring...teu antaparah keleweng eta bitis jalma teh kukuring di
alungkeun...sora anu seuseurian beuki tarik jeung beuki loba rupa
sorana...angin terus ngagelebug ciga anu hayang ngaruntuhkeun sakabeh
tatangkalan anu aya, kalayang...hulu manusa anu tadi bijil tina tangkal loa
ngalayang luhureun beungeut kuring, biwirna renya-renyu...ciga anu dek
ngomong...sorana peura mimiti kaluar tina biwirna...duka ngomong naon teu
kaharti pabaur jeung angin anu tarik...satekah polah kuring ngejetkeun kadua
suku anu haben wae dibebedol....bari leungeun papukis ngababukan hulu manusa
anu terus ngadeukeutan beungeut bangun anu hayang ngegel...kuring milih
repeh...teu gogorowokan deui, mimiti bisa ngadalikeun diri....sakuat tanaga
kuring narik nafas, ngumpulkeun sakabeh kakuatan anu tadi beak laleungitan
kurasa kasieun.....”Allahhhhhhhhuuuakbar!!!” kuring takbir bari ngaronjang eta
hulu...BUSSSSSSZZZZZZZZZZ..........!!!! sakocepat hulu manusa anu kumalayang
leungit tanpa jirim ilang tanpa karan, kitu oge leungeun anu keukeuh ngabebedol
suku eureun...angin eureun...anu ceurik jeung sareuseurian
eureun...sakabeh musna ngan sakolepat...alam balik deui kana kaayaan
normal jempling...tiis jeung tiris. Girimis geus eureun, kuring masih
ngabebengkang nangkarak handapeun loa, neuteup langit anu mimiti bengras
kucahaya balebat...cimata rembes, maseuhan pipi...ngagerentes ku
istigfar...kuniang kuring cengkat, terus diuk handapeun loa. Ngareureuh keun
kacape jeung kareuwaas. Cai anu ngerelek handapeun akar loa...ibarat ngerelekna
waktu nuju ka subuhnakeun. Sabadana abdas, kuring adan handapeun loa, terus
solat subuh, ngado’a panjang ka Allah nu murbeng alam, ngucap sukur tos
disalametkeun tina balai. Cimata kuring murubut ibarat hujan, sujud sukur kanu
Maha Welas tur Maha asih. Mangsa geus corengcang tihang. Kuring nuluykeun
leumpang, mapay-mapay jalan satapak anu nuju kalembur. Suku karasa lalinu jeung
nyareri sa awak-awak.Hawar hawar kuring ngadenge sora jalma rame, katingali
nyarekel obor, seuneuna cing laleok katiup angin. Masih keneh jauh di lebak
tapi eces puguh wanci geus isuk-isuk. Gorowok kuring
ngagorowok...”Heeeeeeeyyyyyyy....!” terus kuring ngagorowok deui, sugan wae anu
dilalebak mireungeuh. Allhamdulilah...anu digorowokan narembalan terus
katingali lalumpatan nyarampeurkeun. Ua kuring geuningan jeung sakabeh tatangga
anu deukeut ka imah aya kana 20 urangna. Kuring digalabrug dikareukeupan, malah
aya anu ngecak cimata bari ngusapan sirah. Kadenge ngarucap sukur tina biwirna
sewang-sewangan.”Duh...kasep naha tos timana 3 poe kakarak mulang ?...jeung ieu
baju meni bobolokot...? Uwa nanya bari nangkeup pageuh, kuring ukur bisa
ngahuleng...naha bet tilu poe ? puguh rarasan mah ngan sapeuting. Uwa surti ku
kabingung kuring. Pokna keun wae anu pentingmah geus salamet, ke we deuk
cacarita mah di lembur”. Kuring pada nuyun ciga budak leutik anu kakarak
panggih tina leungit......cag (TAMAT)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar